Rampes Bah Oca, cobi ayeuna analisa naon anu didugikeun ku Alo Febi, sim kuring 
sareng salira. Tetela "cara pandang bener" teh tiasa dibungkus ku SI LOKA. Cobi 
titenan kasauran Alo Febi : "Hapunten pisan sanes sim kuring kumawantun ka 
rasulullah Muhammad saw.  Hapunten pisan.  Ieu mah cara sim kuring neuleuman 
hikmah syareat kangjeng Nabi anu mulia, supaya sim kuring tambah pangarti". 
Dina leresan ieu tetela "supaya tambah pangarti" ("nambihan elmu kapastian 
benerna"?)teh ku cara "neuleuman hikmah syareat". Hikmah syareat didieu ceuk 
basa urang mah rupina caket kana "SI LOKAa* sanes! Kecap "pamali"..."najis" ssj 
kalebet kecap HIKMAH anu BENERNA kedah dikoreh saur Bah Oca SING KATEPI KU ATI, 
SING KAHONTAL KU AKAL. Hartosna kedah diguar tuntas SAWADINA...upami kapendak 
maksadna MOHAKA manfaatna. Boh Alo Febi atanapi Bah Oca kalebet sim kuring semu 
sami yen "Cara Pandang Bener" teu salamina nembrak "BENERNA" tapi aya anu 
dibungkus ku "SI LOKA"... Numawi timbul tafsir, imajinasi, ilusi, intuisi... 
masing masing. Teu tiasa diulah ulah...bongan ANU KAWASA oge nyumput dina "SI 
LOKA NA"........

 
 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Roza R. Mintaredja" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 21 Aug 2013 20:29:23 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: Cara Pandang Benar

Sampurasuuun...hampura ingsun.

Bah Sepuh, lan baraya sadaya,  leres pisan eta anu abot teh. Kumargi
pasualan bebeneran janten relatip upami sudut pandangna beda tina pamiangan
wiwitna. Numutkeun kamandang kuring, bener mutlak mung gaduh mantenNa. Nu
kumelendang di dunya ieu mung sakadar bener relatip. Paling sensitip keur
masalah eta, mo ku hanteu nyaeta dina pasualan kaGustian. Panta2 dina
kaTunggalanana anu ngabalukarkeun beda kamandang
dinangaimplementasikeunana. Sok sanajan , dzat na ETA KENEH!  Ampun
paralun, lain rek ngaguar bedana, tapi naon sih anu saruana? Masing 2
ageman, boga managemen jeung cara ritual sewang2an. Pagawean lain samanea
dina ngaguar ieu masalah. Kudu wani atawa boga sikep obyektip heula. Dina
harti, teu ngabejerbeaskeun ageman kuring 'is the best than another one'.
Kumaha padika/metodana supaya bisa ngaJAJARkeun BEBENERna BENER ka BENER
teh. Sok sanajan  bener anu relatip dina ukuran  alam pikiran  atawa
batiniah (?), tapi nu utamana mah kasapukan sarerea diaku sacara jujur
tanpa reserve. KuBakat saur Abah Sepuh mah hese beleke tea, tapi teu
ngandung harti teu bisa. Abah Sepuh mere conto pasualan pamali. Pasti eta
hasil pangalaman lain sataun dua taun, bisa mutuskeun eta aturan atw hukum.
Numatak aya palsapah kolot, SING KATEPI KU ATI, SING KAHONTAL KU AKAL
mangrupa simultansi atawa gabungan  RASA BATIN jeung RASIO OTAK. Ieu salah
sahiji jembatan padikana. Ceuk urang Kanekes mah, jeroan rasa disebut
KUNGKUNG MANIK RANCAMAYA, lamun langsung kedal ucap tidinya disebut
SAWADIna. Tapi lamun kaluar ucap tina RASIO/RASA disebut MOKAHA. Kumaha
wangunan kacindekkan tina  gabungan SAWADIna jeung MOKAHA bisa
dilaksanakeun?  Beuh  !

cag, rampes...rampa salira.
nhn*R3M

Kirim email ke