Woooow nuhuuuns Kang Buyung n' Bah Willy info anu hade euy.

Tah kumaha carana hayuuuu meumpeung aya waktu keneh supaya situs-2 kabuyutan 
Sunda titinggal karuhun teu dugika dilelepkeun ku proyek kapitalistik anu 
justru menentang bencana.

Kumaha carana sorana bisa tarik tur kadenge ku sakumna dunya? Aslina Mamang 
lain LSM atawa Tukang Demo ngan resep ngacapruk tur ngawadul jeung tulas tulis 
weh. 

Bisi aya saran ti para senior mangga hayuuu urang rojong lah... Terus euy aya 
anu boga akses ka Paguyuban Pasundan henteu? Pan Urang Boga Inohong Ginanjar 
Kartasasmita turunan Sumedang oge lin? Maenya rek tega ngalelepkeun Situs 
Karuhunna euy? Kumaha sikep elit-2 Paguyuban Pasundan ka Jatigede euy? 

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: Buyung <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 27 Aug 2013 22:47:02 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] PLTA Koto Panjang --> Re: Jatigede

Mang,
 
Mamanas ah....jikan urang pekanbaru. Imah mitoha di pekanbaru unggal dinten aya 
wae reup brayna dugi kadinteun ayuna, alasana eta di koto panjang rusak wae 
(kehandalannya kurang cunah di koran)
 
Buyung
(asli kelahiran Bandung teu tiasa basa Minang :) )


>________________________________
>From: Waluya <[email protected]>
>To: [email protected] 
>Sent: Wednesday, August 28, 2013 12:39 PM
>Subject: [Urang Sunda] PLTA Koto Panjang --> Re: Jatigede
>
>  
>Lamun urang ti Padang/ Buktinggi arek ka Pakanbaru pasti ngaliwatan bendungan 
>PLTA Koto Panjang. Bendungan ieu ngabendung walungan Kampar di samemeh kota 
>Bangkinang di Riau. PLTA Koto Panjang waktu pangwangunana tepi ka anggeusna 
>loba masalah/ kontroversi. Nu ngamodalan PLTA Koto Panjang nagara Jepang, 
>kulantaran kitu, usaha pangakhirna ti warga nu teu narima PLTA Koto Panjang 
>ngadukeun PLTA Koto Panjang ka pangadilan di Jepang. Tapi aduan ti warga Koto 
>Panjang teh ditolak ku pangadilan di Jepang, alesanana urusan ieu, urusan 
>hukum nagara Indonesia, lain urusan pangadilan di Jepang.
>
>Kuring di taun 1980'an, kungsi ngiluan digawe waktu bendungan ieu keur di 
>design. Kuring kabagean saeutik akar-ukur parameter taneuh. Tah waktu harita 
>oge karasa aya teu kasatujuan penduduk, sanajan teu pati katara. Issue nu 
>paling santer harita , nyaeta perkara bakal kakeueumna Candi-candi di Muara 
>Takus. Keur Sajarah Sumatera, candi-candi di Muara Takus teh gede pisan 
>hartina, salian keur kapentingan ilmu sajarah, oge kareueus urang Sumatera, 
>yen di Sumatera oge kungsi aya peradaban nu kolotna sarua atawa leuwih kolot 
>jeung di Jawa.
>
>Panasaran bisi bener-bener kakeueum, si Obenk nu aslina urang Sumatera (Robert 
>Delinom, ayeuna prof riset hidrogeologi di LIPI) ngajak nempo candi Muara 
>Takus. Nya ngilu tumpak mobil jimni jangkrik. Ari sugan teh deukeut, ari pek 
>teh jauh pisan, aya kana tilu-opat jamna. Tepi ka Muara Takus geus rada sore. 
>Saperti umumna situs cagar budaya didinya aya pagawe nu ngajaga. Aya buku tamu 
>(nu ampir kosong molongpong da meureun jarang jelema kadinya). Candina dijieun 
>tina bata beureum. Teu jauh tidinya walungan Kampar kanan. Kuring ngalamun 
>ngabayangkeun meureun baheula para biksu nu garundul jeung marake jubah baju 
>oranye daratang ti Walungan Kampar terus nyieun kompleks Candi Muara Takus. 
>Ceuk cenah, oge carita ti nu ngajaga, lamun pas di Bulan Purnama, Para Gajah 
>di Sabudeureun candi sok daratang ngariung candi, nyararembah (kacirina 
>meureun, kuring leuwih percaya lamun eta komplelks candi teh tempat liliwatan 
>gajah ...hehehe).
>
>Ti harita pleng weh kuring teu kungsi ulubiung deui pagawean saterusna dina 
>ngawangun PLTA Koto Panjang. Ngan aya beja dina koran yen level cai di PLTA 
>Koto Panjang nu tadina direncanakeun 100 m, diturunkeun jadi 85 m. Cenah mah 
>supaya candi di Muara Takus teu kakeueum. Katingalina mah protes perkara rek 
>kakeueumna Candi di Muara Takus akhirna direungeu oge. Sanajan kitu tetep aya 
>karugian, sabab sabuderuenana tetep kakaeum cai, ngaleungitkeun kamungkinan 
>panaluntikan sajarah saterusna. Oge nu jelas, kompleks Candi teh moal 
>kadatangan deui para gajah waktu di bulan purnama, sabab para gajah ti Koto 
>Panjang dipindahkeun ka suaka alam di tempat sejen di Sumatera.
>
>Lamun ngabandingkeun PLTA Koto Panjang jeung Bendungan Jati Gede, aya 
>kasaruaanana, nyaeta perkara arek kakeueumna situs-situs sajarah. Memang 
>diperlukeun "sora nu tarik" keur memperjuangkeun ieu, saperti dicontokeun ku 
>perjuangan nu ngabelaan situs Muara Takus, nu akhirna direungeu oge.
>
>Tah masalahna, kumaha carana supaya jadi sora nu "tarik"?
>
>WLY
>
>
>
>

Kirim email ke