Hatur nuhun bah, rajin pisan lah bah AA meni resep... :) Eta maca dongeng silat dina emutan sim kuring janten nganggo 'dialek sareng artikulasi' bah AA waktos ngobrol di balong mang Kaby, janten asa dipangdongengkeun langsung sacara verbal ku bah AA :D
Salam Febi === ________________________________ Von: Abbas Amien <[email protected]> An: urangsunda <[email protected]> CC: kisunda <[email protected]> Gesendet: 10:58 Montag, 2.September 2013 Betreff: [kisunda] Dangdanggula HBH2013 Ha Be Ha an di na hiji wanci, Anggotana milis Urang Sunda, Ngarumpul di hiji balong, Mang Kabayan nu gaduh, Someahna mani kaciri, Nyambut urang sadaya, Anu sami ngumpul, Ngarumpul babarayaan, Pada ihlas ti lahir nepi ka batin, Matak reueus sadaya. Hanjakalna saeutik nu sumping, Ku lantaran lobana hahalang, Nu daptar teu sumping kabeh, Ngan acara mah terus, Henteu pisan rengrot saeutik, Dipimpin ku jang Kandar, Jang Ikmal ngabantu, Sadayana suka bungah, Bisa panggih jeung batur baraya milis, Milisna urang sunda Abah Oman, kang Yani teu sumping, Mj oge sinareng kang Hasan, Sami sami pada absen, Jang Dik dik oge kitu, Sami sami teu yasa sumping, Tapi aya gantina, Nu anyar ngarumpul, Saperti kang febi Ahmad, Cece Yunus sareng seueur seueur deui, Di balong mang Kabayan.
