Ha Be Ha an
di na hiji wanci,
Anggotana
milis Urang Sunda,
Ngarumpul di
hiji balong,
Mang Kabayan
nu gaduh,
Someahna
mani kaciri,
Nyambut
urang sadaya,
Anu sami
ngumpul,
Ngarumpul
babarayaan,
Pada ihlas
ti lahir nepi ka batin,
Matak reueus
sadaya.
Hanjakalna
saeutik nu sumping,
Ku lantaran
lobana hahalang,
Nu daptar
teu sumping kabeh,
Ngan acara
mah terus,
Henteu pisan
rengrot saeutik,
Dipimpin ku
jang Kandar,
Jang Ikmal
ngabantu,
Sadayana
suka bungah,
Bisa panggih
jeung batur baraya milis,
Milisna urang
sunda
Abah Oman,
kang Yani teu sumping,
Mj oge
sinareng kang Hasan,
Sami sami
pada absen,
Jang Dik dik
oge kitu,
Sami sami
teu yasa sumping,
Tapi aya
gantina,
Nu anyar
ngarumpul,
Saperti kang
febi Ahmad,
Cece Yunus
sareng seueur seueur deui,
Di balong
mang Kabayan.