Duh, geus nyandung deui waé ..... 
Mani dikoréhan  
www.bioeti.com
precious moment with someone special
Powered by Telkomsel BlackBerry®
From Kahayangan With Nasi tutug jeung babaturan na

-----Original Message-----
From: dudi <6586...@gmail.com>
Sender: kisunda@yahoogroups.com
Date: Fri, 13 Sep 2013 16:50:02 
To: UrangSunda<urangsu...@yahoogroups.com>; 
kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com>; 
Baraya_Sunda<baraya_su...@yahoogroups.com>
Reply-To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: [kisunda] ciamis, hayu urang nyandung!

data!

di kalangan kaum intelék jiga vicky prasetyo mah data téh penting kacida.
labilna ékonomi, konspirasi atawa statutisasi kemakmuran ngan ukur jadi
catur tanpa bukur mun teu diwedelan ku data.

dina dunya kaimanan gé, ngawedelan hiji dalil ku data téh osok dilakukeun.
kuring yakin, urang sadayana kungsi ngadéngé, samalah boa diantarana aya nu
100% yakin bener kana warta nu nyebut wenangna nyandung téh dipunggu ku
data yén awéwé leuwih loba manan lalaki. patarosanna, naha wartos éta téh
leres? waleranna bisa leres bisa ogé salah. tergantung data di mana nu
dipaké :)

contona, keur urang ciamis mah warta lalaki leuwih saeutik dibanding awéwé
téh bener pol. cek bps jawa barat taun 2011, lamun dijieun pasangan
éwé-laki, di ciamis bakal aya 14 rebu punjul salapan ratus salapan puluh
hiji wanoja nu teu kabagéan pasangan.

ciamis jadi daérah tingkat dua nu pangpunjulna dina jumlah awéwé nu teu
kabagéan pasangan di jawa barat. aya tilu deui nu siga ciamis, nyaéta
majaléngka, kota tasikmalaya jeung kota banjar. sésana, 22 kab./kota di
jawa barat mah sabalikna. surplus ku lalaki.

tah ka para salaki (da biasana lalaki) nu palay kacida kana nyandung mah,
kuring nyarankeun upama dakwah ngayakinkeun (calon) pamajikan kolot,
ngareueuy hotbahna téh cekap nyebutkeun data-data di opat kab./kota di
luhur. omat samunikeun data di daérah séjénna hahaha

tapi omat ulah nepi ka nyebut sakabéh wewengkon di jawa barat surplus
awéwé. bohong mah dipahing pisan dina etika statistika :P. upama teu
nyebutkeun data nu teu ngadukung kana kahayang urang mah masih meunang lah.
keun perkara ditarima atawa ditolak kahayang mah, urang serahkeun wé ka
jamaah jikan heuheu

ku kituna, keur jamaah jikan, upama dihotbahan ku salaki nu pangseng
nyandung, omat ulah neureuy buleud kitu waé. najan dakwah salaki téh matak
ngayakinkeun, direumbeuy ku data anu réa, pra jikan kudu pinter-pinter
narimana. kudu ditalaah deui.

salasahiji cara keur nalaah data nu asup ka urang nyaéta ningali
kredibilitas nu masihan data. tingali trék rékod salaki. biasana nu beuki
nyandung mah beuki sumput salindung. najan tara bohong, nang remen ogé teu
jujurna

hahaha...

uaduq!

Kirim email ke