Pantesan basa kuring jalan-jalan ka Banjarsari, aya lalaki nu nyandung dugi ka 
6. 

Kaharos upami kitu mah. 


 
Salam
 


________________________________
 From: Yeni Kurnia <bio...@gmail.com>
To: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
Sent: Friday, September 13, 2013 4:30 PM
Subject: Re: [kisunda] ciamis, hayu urang nyandung!
 


  
Duh, geus nyandung deui waé ..... 
Mani dikoréhan 
www.bioeti.com
precious moment with someone special
Powered by Telkomsel BlackBerry®
>From Kahayangan With Nasi tutug jeung babaturan na
________________________________

From:  dudi <6586...@gmail.com> 
Sender:  kisunda@yahoogroups.com 
Date: Fri, 13 Sep 2013 16:50:02 +0700
To: UrangSunda<urangsu...@yahoogroups.com>; 
kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com>; 
Baraya_Sunda<baraya_su...@yahoogroups.com>
ReplyTo:  kisunda@yahoogroups.com 
Subject: [kisunda] ciamis, hayu urang nyandung!
  
data!

di kalangan kaum intelék jiga vicky prasetyo mah data téh penting kacida. 
labilna ékonomi, konspirasi atawa statutisasi kemakmuran ngan ukur jadi catur 
tanpa bukur mun teu diwedelan ku data.

dina dunya kaimanan gé, ngawedelan hiji dalil ku data téh osok dilakukeun. 
kuring yakin, urang sadayana kungsi ngadéngé, samalah boa diantarana aya nu 
100% yakin bener kana warta nu nyebut wenangna nyandung téh dipunggu ku data 
yén awéwé leuwih loba manan lalaki. patarosanna, naha wartos éta téh leres? 
waleranna bisa leres bisa ogé salah. tergantung data di mana nu dipaké :)


contona, keur urang ciamis mah warta lalaki leuwih saeutik dibanding awéwé téh 
bener pol. cek bps jawa barat taun 2011, lamun dijieun pasangan éwé-laki, di 
ciamis bakal aya 14 rebu punjul salapan ratus salapan puluh hiji wanoja nu teu 
kabagéan pasangan.

ciamis jadi daérah tingkat dua nu pangpunjulna dina jumlah awéwé nu teu 
kabagéan pasangan di jawa barat. aya tilu deui nu siga ciamis, nyaéta 
majaléngka, kota tasikmalaya jeung kota banjar. sésana, 22 kab./kota di jawa 
barat mah sabalikna. surplus ku lalaki.


tah ka para salaki (da biasana lalaki) nu palay kacida kana nyandung mah, 
kuring nyarankeun upama dakwah ngayakinkeun (calon) pamajikan kolot, ngareueuy 
hotbahna téh cekap nyebutkeun data-data di opat kab./kota di luhur. omat 
samunikeun data di daérah séjénna hahaha 

tapi omat ulah nepi ka nyebut sakabéh wewengkon di jawa barat surplus awéwé. 
bohong mah dipahing pisan dina etika statistika :P. upama teu nyebutkeun data 
nu teu ngadukung kana kahayang urang mah masih meunang lah. keun perkara 
ditarima atawa ditolak kahayang mah, urang serahkeun wé ka jamaah jikan heuheu

ku kituna, keur jamaah jikan, upama dihotbahan ku salaki nu pangseng nyandung, 
omat ulah neureuy buleud kitu waé. najan dakwah salaki téh matak ngayakinkeun, 
direumbeuy ku data anu réa, pra jikan kudu pinter-pinter narimana. kudu 
ditalaah deui.

salasahiji cara keur nalaah data nu asup ka urang nyaéta ningali kredibilitas 
nu masihan data. tingali trék rékod salaki. biasana nu beuki nyandung mah beuki 
sumput salindung. najan tara bohong, nang remen ogé teu jujurna 

hahaha...

uaduq!

 

Kirim email ke