BTW yeuh mang Jamal, ngomongkeun usaha, memang kedah diwangun usaha kreatif.
Bilih Kusnet bade ngomporan generasi ngora kanggo ngawangun bisnis di internet, 
utamina bisnis layanan sistem di internet, sim kuring siap yeuh janten tutor. 
Haratis teu nanaon kango Kusnet, dibayar badag oge nya pasti curinghak heu heu 
heu...

Pan ayeuna mah jaman internet, teras generasi ngora teh palinter komputer.  Eta 
tiasa janten bisnis anu serius. Model bisnisna seueur pisan.
Sim kuring tiasa disebat masagi dina teknologina; siap babagi. Sim kuring oge 
mraktekeun. Memang henteu gampil, janten bangkrut oge kantos (ieu tiasa janten 
bagi pangalaman oge kumaha jatuh bangun-na bangkrut heu heu heu).

Mangga siap, mung Event Organizer ( anu ngumumkeun, ngayakeun kegiatan) kedah 
nu sanes.  Sim kuring siap ngisi materina :)

Salam

Febi
===



________________________________
 Von: mj <[email protected]>
An: [email protected] 
Gesendet: 15:20 Dienstag, 17.September 2013
Betreff: RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Pendidikan Gratis Wajib - Re: 
[Senyum-ITB] Rasis? Separatis? atau Asmuni?
 


  
 
Enya. Tapi diharepkeun si lulusan eta salian jadi pagawe pemkot
atawa pausahaan sejen nu aya kaasup bank cabang nya maruka usaha, boh anyar
atawa ngembangkeun usaha warisan sepuhna.
 
Di sisi sejen, tukang muka usaha mah cina. Tah lobaan we cina di
unggal daerah. tasik leuwih maju ti batan ciamis, sabab cina di tasik leuwih
loba. Wkwkwkwkw
 
 
From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
Of Ahmad
Hazairin
Sent: Wednesday, September 18, 2013 3:08 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Pendidikan Gratis Wajib - Re:
[Senyum-ITB] Rasis? Separatis? atau Asmuni?
 



Mang Jaman, sae pisan usulan ngawangun perguruan tinggi di
daerah Kab/Kota masing-masing; tapi tangtosna kedah diwangun oge lapangan kerja
kanggo nampung lulusanana  :)
 
 

________________________________
 
Von:mj
<[email protected]>
An: [email protected] 
Gesendet: 14:54 Dienstag, 17.September 2013
Betreff: RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Pendidikan Gratis Wajib - Re:
[Senyum-ITB] Rasis? Separatis? atau Asmuni?
 
  
 
Harita uing diondang Pusat Studi Sunda (PSS) acara sarupaning kitu,
kumaha sangkan barudak sunda loba katampa ka unpad. Acara diayakeun di unpad,
inohong haladir, kaasup sohibul bet rektor unpad kang Prof Dr Ganjar Kurnia DEA
(DEA ieu gelar master ti perancis).
 
Uing mah dianggap generasi ngora, jadi rada beda usul atawa
disadana.
 
Mun hayang kitu, di Unpad kudu dibuka loba jurusan. Sabab mun
jurusan eta teu aya di unpad, nya barudak moal daftar ka unpad. Ka itb atawa ka
itenas unpar UIN (universitas insya alloh negeri), jeung UPI, jrrd.
Jadi unpad kudu muka arsitektur, desain, teknik elektro, teknik
pertambangan, teknik nuklir, jrrd. Sabab naha ari MIPA di ITB Aya di Unpad UPI
aya, ari nu sejen teu aya.
 
Kadua,
Atuh a, ulah kabeh kuliah di unpad, bandung jatinangor ke heurin
pisan. Urang ciamis garut tasik subang, cianjur jrrd kabeh ka
bandung-jatinangor. Bari jeung geus lulus mah alim balik ka lembur. Uing harita
nyarita, salut kanu sakola ka upi/ikip. Geus lulus baralik deui ka lembur
jaradi guru. Lulusan non ikip mah ka kota gede, da duitna leuwih gede.
 
Mun edek, pemprov ngahadean mantuan kampus kabupaten. Nu
palinter sina kuliah we di dinya, komo dek aya kampus komuniti cenah cara di
amrik inggris (di tiap kota inggris aya kampus negeri sipatna komunitas, pikeun
kamajuan kota/daerah eta. Lulusanana kololobana digarawe di daerah/kota eta.
Kampus2 suwasta di kabupaten di negerikeun, dihade-hade.
 
Atawa unpad nyieun cabang di tiap kabupaten jabar. Jadi urang
garut sumedang purwakarta jrrd teu kudu pindah ka bandung nu beuki heurin ku
tangtung macet we.
 
Kucara kitu insya alloh kota kabupaten bakal maju makmur labil
ekonomi bakal kapupus, konspirasi kemakmuran bakal kahontal wkwkwkw
 
 



 

Kirim email ke