Ieu aya pangalaman Don Hasman, fotografer, mantan wartawan majalah Mutiara,
kontributor majalah National Geographic.
tahun 1970 an Don Hasman wanoh sareng kahirupan urang Kanekes. Sacara adat, aya
larangan mutrat motret di wewengkon baduy jero. Komo deui di tempat anu
dianggap suci ku urang Baduy, nyaeta Arcadomas, tempat ibadah atawa tempat
mieling hari hari anu dianggap penting ku masyarakat Baduy.
Trik motret Don Hasman, biasana moto heula barudak baduy. Kamera disimpen di
ransel. Api api uyup ayap kan ransel. Cres-cres motret bari jeung kamera mah di
jero ransel. Tapi barudak baduy oge sigana beuki kadieu beuki nyaho 'barang'
anu sok dibabawa ku don Hasman. Nya ahirna barudak baduy ngalandih Don Hasman
'si Odon tukang nyolong foto'
Beuki kadieu Don Hasman beuki akrab jeung urang Baduy. Foto foto baduy anu
munggaran aya di media masa harita (1980 an) karya Don Hasman. Beuki kadieu
beuki rame wae wewengkon baduy jero jadi obyek wisata. Aya diantarana uran
asing (bule). Ti harita kaluar aturan ti Puun, Baduy jero teu meunang
didatangan ku urang bule atawa jalma anu agamana karesten. Kumaha cara
nyirikeunana? Sigana urang baduy jero aya 'feeling' bisa milah-milah mana
urang Islam jeung mana non-muslim.
Hiji mangsa Don Hasman ngiringan upacara adat anu diayaken di Arcadomas. Sok
sanajan diakui jadi warga baduy jero, Don Hasman teu wani motret tempat
arcadomas. Lain deui anu dilakukeun ku wartawan kompas Norman Edwin jeung Didik
Nursyamsu. Panasaran siga kumaha tempat suci urang baduy jero. Duanan
ngaroimpak larangan Puun Baduy, motret kaayaan di Arcadomas. (Laporanana aya di
Majalah Intisari anu terbit akhir 80 an atau awal 90 an). Harita keneh puun
Baduy ngusir 2 wartawan ieu, ngaluarkeun Supata, yen dua wartawan ieu bakal
paeh ngora. Duka memang tos titis tulisna atawa memang keuna supata. Norman
jeung Didik Nursyamsu maot di ekspedisi naklukeun 7 gunung pangluhurna sadunya,
di pagunungan Andes di wewengkon Latin Amerika. Umur dua pendaki ieu dibawah 40
tahun.
mrachmatrawyani
Powered by Telkomsel BlackBerry®
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://info.yahoo.com/legal/us/yahoo/utos/terms/