Mang Don Hasman ngaluarkeun buku Baduy oge taun ieu. Manehna memang geus jadi urang baduy weh hehehe.
Tah aya komentar Mang Don Hasman di PR harita nyebutkeun Baduy baheula jeung ayeuna rada beda, baheula ceunah teu haripeut ku bantuan, lamun ayeuna ceunah mulai resep dibere bantuan, meureun geus nyaho duit tea... Ngan Mamang poho naha anu dimaksud teh baduy jero atawa baduy luar. Manehna harita ngahimbau... Ulah mere bantuan ka Baduy da nyakitu jadina pan kitu sok resep dibere :(. Mamang satuju Baduy teh geus teruji ku jaman manehna bisa survive justru lamun dipangaruhan ku luar anu haripeut ku duit antukna lila-2 system anu ngeus ka bangun jadi rusak. nuhuuuuns, mang asep kabayan www.cipaku.org -----Original Message----- From: "mang jamal" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 25 Sep 2013 22:52:14 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Tukang nyolong poto Dina buku baduy kenging sursa taun 50 (kopian ti kang her suganda) anjeuna kenging ti pabukon doddy tisnaamidjaja, buku eta diketik balad kang ocha aya carita beh ditu keneh aya bule londo maksa ka arcadomas Sami cenah kitu umurna teu lami. Powered by du'a indung bapa -----Original Message----- From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Wed, 25 Sep 2013 16:57:41 To: urangsunda urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: [email protected]<[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Tukang nyolong poto Ieu aya pangalaman Don Hasman, fotografer, mantan wartawan majalah Mutiara, kontributor majalah National Geographic. tahun 1970 an Don Hasman wanoh sareng kahirupan urang Kanekes. Sacara adat, aya larangan mutrat motret di wewengkon baduy jero. Komo deui di tempat anu dianggap suci ku urang Baduy, nyaeta Arcadomas, tempat ibadah atawa tempat mieling hari hari anu dianggap penting ku masyarakat Baduy. Trik motret Don Hasman, biasana moto heula barudak baduy. Kamera disimpen di ransel. Api api uyup ayap kan ransel. Cres-cres motret bari jeung kamera mah di jero ransel. Tapi barudak baduy oge sigana beuki kadieu beuki nyaho 'barang' anu sok dibabawa ku don Hasman. Nya ahirna barudak baduy ngalandih Don Hasman 'si Odon tukang nyolong foto' Beuki kadieu Don Hasman beuki akrab jeung urang Baduy. Foto foto baduy anu munggaran aya di media masa harita (1980 an) karya Don Hasman. Beuki kadieu beuki rame wae wewengkon baduy jero jadi obyek wisata. Aya diantarana uran asing (bule). Ti harita kaluar aturan ti Puun, Baduy jero teu meunang didatangan ku urang bule atawa jalma anu agamana karesten. Kumaha cara nyirikeunana? Sigana urang baduy jero aya 'feeling' bisa milah-milah mana urang Islam jeung mana non-muslim. Hiji mangsa Don Hasman ngiringan upacara adat anu diayaken di Arcadomas. Sok sanajan diakui jadi warga baduy jero, Don Hasman teu wani motret tempat arcadomas. Lain deui anu dilakukeun ku wartawan kompas Norman Edwin jeung Didik Nursyamsu. Panasaran siga kumaha tempat suci urang baduy jero. Duanan ngaroimpak larangan Puun Baduy, motret kaayaan di Arcadomas. (Laporanana aya di Majalah Intisari anu terbit akhir 80 an atau awal 90 an). Harita keneh puun Baduy ngusir 2 wartawan ieu, ngaluarkeun Supata, yen dua wartawan ieu bakal paeh ngora. Duka memang tos titis tulisna atawa memang keuna supata. Norman jeung Didik Nursyamsu maot di ekspedisi naklukeun 7 gunung pangluhurna sadunya, di pagunungan Andes di wewengkon Latin Amerika. Umur dua pendaki ieu dibawah 40 tahun. mrachmatrawyani Powered by Telkomsel BlackBerry® ------------------------------------ ngala dollar >> http://profitclickers.info/buburuh-ngeklik.php?urang=sundaYahoo! Groups Links ------------------------------------ ngala dollar >> http://profitclickers.info/buburuh-ngeklik.php?urang=sundaYahoo! Groups Links ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://info.yahoo.com/legal/us/yahoo/utos/terms/
