Tah eta bener pisan hehehe eta aya dina buku Kasumedangan atawa Book Cipaku tea hehehe.
Kalakay Pare Jumarum Tapak Sireum Dina Batu Tapak Soang Awang-awang Tah aya deui Dawegan Kalapa Kolot Endog Hayam Kongkorongok Terus mun teu salah Kotok Bongkok Jangjawokan kitu. Bisa jadi eta hartina Suwung/ Sanghyang Keresa alias Ghaib tapi ceuk numutkeun Kasepuhan mah salah sahiji terjemahan na anu dicaritakeun ku Mamang tea hehehe. Aya oge kieu ceunah... Beuki Tarik Beuki Deukeut Disebut Aya Da Eweuh Disebut Euweuh Da Aya ceunah hehehe. Memang pabaliut ieu Teka-teki/ Tatarucingan Teh hehehe. Nu jelas anu nyieuna jelema cerdas hehehe. Ari ceuk Kasepuhan mah anu nyieun kalimat-2 eta teh Eyang Haji Aji Putih hehehe. nuhuuuuns, mang asep kabayan www.cipaku.org -----Original Message----- From: mang jamal <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 25 Sep 2013 21:24:23 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Teangan Tapak Meri Dina Leuwi? tina pantun Panggung Karaton, disalin ku kang Ajip Rosidi, ku cara ngarekam juru pantun lolong, urang Sumedang. Tapak meri dina leuwi Tapak soang dina bantar Tapak sireum dina batu Kalakay pare jumarum Sisir serit tanduk ucing Sisir badag tanduk kuda Kekemben layung kasunten Kurambuan kuwung-kuwung Tulis langit gurat mega Panjangna sabudeur jagat Inten sagede baligo cek kang Ajip mah, kabeh eta hartina hiji: kosong, sajatining suwung, euweuh, teu aya. >________________________________ > Dari: Irpan Rispandi <[email protected]> >Kepada: [email protected] >Dikirim: Kamis, 26 September 2013 10:03 >Judul: Re: [kisunda] Teangan Tapak Meri Dina Leuwi? > > > > > > > >Ari lengkepna eta teka-teki the kumaha mang? >Sugan ari nyaho bentuk teka-teki utuh mah, urang bisa maluruh "the missing >pieces". >^_^ >On Sep 26, 2013 9:57 AM, "mang kabayan" <[email protected]> wrote: > > >> >>Salah sahiji teka teki nu aya di Kabuyutan Cipaku anu can kaharti ku Mamang >>kieu, "Teangan Tapak Meri Dina Leuwi"? Ciiik susuganan kasepuhan jeung baraya >>didieu apal naon hartina? >> >>Ari Teangan Tapak Soang di Awang-awang mah geus Kaharti hehehe artina nyakitu >>eta Rasi Bintang jeung Kalender Kala Sunda nu pang kolotna sadunya tea :). >> >>Tah Palebah Tapak Meri Dina Leuwi can kapikir euy :(. >> >>Aya deui Endog Kongkorongok hehehe pan biasa nah Hayam lin nu kongkorongok >>mah ieu mah endog kongkorongok, ieu paham artina kaitanna ieu jeung Islam >>yeuh. Nu Pang Ngorana tapi Pang Sampurna na, kunaon disebut Sampurna >>kulantaran nyakitu malikeun deui KATAUHIDAN, Monotheismeu, "La Ilaha >>Illalloh" tea euweuh deui Gusti Pangeran Iwal ti Alloh SWT. Kristen rada >>menyimpang walopun Tuhanna sarua tapi Ngultuskeun Nabi ISA. Tah Islam mah >>henteu Nabi Muhammad SAW henteu dikultuskeun, hade pisan tah Alloh SWT >>ngamanusiakeun Nabi Muhammad SAW contona nyakitu manehna resep ka ABG hehehe. >>Eta manusiawi pisan justru palebah dieu Alloh SWT Maha Kawasana euweuh Umat >>Islam anu mahiwal siga Kristen nyebut Nabi Muhammad SAW anakna Alloh SWT :). >> >>Tah beuki kadieu beuki loba Endog Anu Kongkorongok nyakitu generasi leuwih >>ngora bisa nyiptakeun Sagala Rupa ku Kapanggihna Elmu Pangatahuan jrrd. >> >>Aya deui Teangan Dawegan Kolot Kalapana tah ieu ampir mirip jeung Endog >>Kongkorongok artina Generasi Ngora Anu Kolot Eusina / Kolot Pangaweruhna/ >>Luhur Elmuna pan ayeuna anu maju teh kitu. Tempo weh Fesbuk jijieunan Dawegan >>Kalapa Kolot eta... Budak Ngora nyieun Geger Dunia pan? >> >>Nabi Muhammad SAW weh bisa kaasup Dawegan Kalapa Kolot hehehe umur 40 taun >>ngeus ngabamblam nyaritakeun Ayat-ayat Alloh SWT pan? >> >>Kabelah dieu sigana bakal beuki loba Dawegan Kalapa Kolot, budak ngora anu >>luhur elmuna tur kreatif bisa mendobrak dunya hehehe. >> >>Wallohualam bishawab :). >> >>nuhuuuuns, >>mang asep kabayan >>www.cipaku.org > > > > >
