neang suwung? dina metoda keur neang JatiDiri jeung Gusti sapuk kudu 'ngosong'keun pikir tina masalah dunya. eta metoda dipake sacara universal kusagala ageman boh nu 'resmi' atawa hanteu nga'hening'.... mun 'bener' ngaheningna pinasti papanggihan.. bakal panggih jeung sajatining diri na sabab neangna ka jero kudu panggih heula jeung si Aing na cag!
urang tunda di hanjuang hyang urang teundeun di haneuleum hieum paragi nyokot jeung ninggalkeun keur sampeureun jaga... hampura ingsun.... rampa salira! _/I\_..._/I\_..._/I\_ *R3M 2013/9/30 Roza R. Mintaredja <[email protected]> > Sampurasuuun! hampura ingsun..._/I\_ > beuh... > Abah Sepuh lan baraya sadaya ! > Kuring asa kageuri deui dina bagbagan ngaguar deui hal2 anu sipatna dina > tataran pantun/suluk buhun.yeuh? > > Eta pantun memang cenderung ngajak urang neuleuman nyosok jero ngeunaan > hiji guaran buhun : - > AYA di EUWEUH NA - EUWEUH di AYA NA.-(teang dina -galeuh bitung , hate > kangkung tea). > Janten numutkeun kuring di tapsirkeunana kedah dina tataran atanapi panta > luhung, SASMITA (= ma'rifat mun ceuk ageman Islam mah). > sanes dina panta SILIB, SINDIR, SAMPIR,SILOKA (panca curiga) deui...tapak > soang, tapak meri, tapak sireum jjrd., > kesanna abstak atawa moal kapanggih atawa kataekan. > GEURA TEANG KU DIA! naha suwung teh dina harti kosong sacara lahir? > naha Tapak soang, meri, sireum teh euweuh? > Mun hayang kapanggih, kapaksa kudu jadi bitung, kangkung, soang, meri > jeung sireum heula.heu... > 'Rasa jeung Sipat Manusa, kudu obah ('turun?)' jadi 'rasa/sipat sato' > atawa ' rasa/sipat tutuwuhan' heula. > Kunanon dina prasasti2 karuhun urang dina batu, sok make 'tapak suku', > ngan sakadar 'cap' wungkul ??? > > Baraya.... > Dina naskah Amanat Galunggung aya panta-panta mahluk di alam dunya. > disebut JANMA (lain jalma). Boga lima panta: > 1. Janma Tumuwuh(tutuwuhan). 2.Janma Triak(sato). 3. Janma Wong (jelema > 1/2 sato). 4. Janma Siwong (jelema nu geus make otak jeung rasa) > jeung 5.Janma Wastu siWong ( jelema nu geus ma'rifat). Emut ngaran Wastu > Kancana, tos didinya level anjeunna. > Janma Tumuwuh , hirup samemeh aya janma Triak (triasic-jurasic?) jst. > Janma siWong/cerdas kacaritakeun karak berkembang 100rewu taun > katukang.(homo sapien) > Umur dunya lima milyar taun. Tangkal wiwitan, sapuk disebut tangkal PAKU > puluhan yuta taun katukang. > hmm...galuh PAKUan - PAKUan padjadjaran. > > AYA jeung EUWEUH bisa dideukeutkeun dina angka matematik sarua jeung > wilangan numerik binary - hiji jeung enol.... > lamun hiji dibagi enol disebutna 'tanpa wates wangenan'- infinity - tak > hingga. tapi lamun enol dibagi hiji, nya tetep enol. > Eta angka binary anu jadi 'nyawa'na komputer tug nepi ka kiwari. > Komputer bisa 'hirup' ku ka AYA na hiji jeung EUWEUHna enol ! > Empirik geus ngabuktikeun kitu. Komputer teh buatan janma siWong.... > ari janma siWong buatan saha? > tah eta rupina anu disebut KUJANG PAPASANGAN teh. > manga geura emutan KUuJANG...naon anu diteangan teh? > > rengse saheulaaneun.... > Cag..! > Rampes...rampa salira. > nhn*R3M > > > 2013/9/28 mang kabayan <[email protected]> > >> ** >> >> >> ** Luar biasa Ua Sastra nuhuuuns pisan :). >> >> Pami aya anu gaduh bukuna diantos, sok ah urang galuaran :). >> nuhuuuuns, >> mang asep kabayan >> www.cipaku.org >> ------------------------------ >> *From: * [email protected] >> *Sender: * [email protected] >> *Date: *Thu, 26 Sep 2013 03:15:11 +0000 >> *To: *<[email protected]>; Baraya_Sunda< >> [email protected]>; UrangSunda<[email protected]>; >> Kisunda<[email protected]> >> *ReplyTo: * [email protected] >> *Subject: *Re: [kabuyutan] Teangan Tapak Meri Dina Leuwi? >> >> >> >> ** Upami aya anu kagungan cobi pilari dina kamus para sufi Sunda seratan >> "R.H.Hasan Mustopa" atanapi wawacan Muslimin Muslimat.. Seueur kalimat >> padanan anu sami ma'na na. Eta kalimah sok sering disadur ku Bah Oca: >> contona teangan " tapak sireum dina batu", "bangkong ngaheumheum liang", >> "galeuh kangkung awi bitung"... Upami teu lepat eta kalimat teh "suluk" >> para Guru Mursid keur "nguji" tingkat IQ muridna naha tos nepi kana >> tingkatan "ma'rifat/tauhid?" atanapi masih keneh hejo kanyahona... Ceuk >> guru ka murid kudu geus nepi ka "buah ragrag asak geus nyaho kana >> sikina".... Wallohu'alam... >> Powered by Telkomsel BlackBerry® >> ------------------------------ >> *From: * "mang kabayan" <[email protected]> >> *Sender: * [email protected] >> *Date: *Thu, 26 Sep 2013 02:45:53 +0000 >> *To: *Baraya_Sunda<[email protected]>; UrangSunda< >> [email protected]>; Kisunda<[email protected]>; < >> [email protected]> >> *ReplyTo: * [email protected] >> *Subject: *[kabuyutan] Teangan Tapak Meri Dina Leuwi? >> >> >> >> Salah sahiji teka teki nu aya di Kabuyutan Cipaku anu can kaharti ku >> Mamang kieu, "Teangan Tapak Meri Dina Leuwi"? Ciiik susuganan kasepuhan >> jeung baraya didieu apal naon hartina? >> >> Ari Teangan Tapak Soang di Awang-awang mah geus Kaharti hehehe artina >> nyakitu eta Rasi Bintang jeung Kalender Kala Sunda nu pang kolotna sadunya >> tea :). >> >> Tah Palebah Tapak Meri Dina Leuwi can kapikir euy :(. >> >> Aya deui Endog Kongkorongok hehehe pan biasa nah Hayam lin nu >> kongkorongok mah ieu mah endog kongkorongok, ieu paham artina kaitanna ieu >> jeung Islam yeuh. Nu Pang Ngorana tapi Pang Sampurna na, kunaon disebut >> Sampurna kulantaran nyakitu malikeun deui KATAUHIDAN, Monotheismeu, "La >> Ilaha Illalloh" tea euweuh deui Gusti Pangeran Iwal ti Alloh SWT. Kristen >> rada menyimpang walopun Tuhanna sarua tapi Ngultuskeun Nabi ISA. Tah Islam >> mah henteu Nabi Muhammad SAW henteu dikultuskeun, hade pisan tah Alloh SWT >> ngamanusiakeun Nabi Muhammad SAW contona nyakitu manehna resep ka ABG >> hehehe. Eta manusiawi pisan justru palebah dieu Alloh SWT Maha Kawasana >> euweuh Umat Islam anu mahiwal siga Kristen nyebut Nabi Muhammad SAW anakna >> Alloh SWT :). >> >> Tah beuki kadieu beuki loba Endog Anu Kongkorongok nyakitu generasi >> leuwih ngora bisa nyiptakeun Sagala Rupa ku Kapanggihna Elmu Pangatahuan >> jrrd. >> >> Aya deui Teangan Dawegan Kolot Kalapana tah ieu ampir mirip jeung Endog >> Kongkorongok artina Generasi Ngora Anu Kolot Eusina / Kolot Pangaweruhna/ >> Luhur Elmuna pan ayeuna anu maju teh kitu. Tempo weh Fesbuk jijieunan >> Dawegan Kalapa Kolot eta... Budak Ngora nyieun Geger Dunia pan? >> >> Nabi Muhammad SAW weh bisa kaasup Dawegan Kalapa Kolot hehehe umur 40 >> taun ngeus ngabamblam nyaritakeun Ayat-ayat Alloh SWT pan? >> >> Kabelah dieu sigana bakal beuki loba Dawegan Kalapa Kolot, budak ngora >> anu luhur elmuna tur kreatif bisa mendobrak dunya hehehe. >> >> Wallohualam bishawab :). >> >> nuhuuuuns, >> mang asep kabayan >> www.cipaku.org >> >> >> > >
