Wooooow jero pisan euy Bah Oca :).

 

nuhuuuns,

mang asep kabayan

www.cipaku.org

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Roza R. Mintaredja
Sent: Monday, September 30, 2013 8:49 PM
To: H. Abdurrohman M.Sastra
Cc: [email protected]; UrangSunda; Baraya_Sunda;
[email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?

 

  

kasanggakeun AbahSepuh lan baraya sadaya...

sampurasuuuun....hampura ingsun !

eta kageuri deui kuring,ku alatan kalimah 'COET HAYANG NYAHO DI BATUNA"

harita, samangsa kuring keur jadi  si COET, hayang nyaho 

WHAT, WHERE, WHEN, WHO, HOW is the meaning of WATU-BATU

nepi ka tungtungna nyieun papantunan, anu kieu uni na :

hampura mun teu pantes teu merenah,sabab keur paroses

sakadada sakadugana bae...:)


...._/I\_...._/I\_...._/I\_....

(...menekung tanpa tungtung; haleuang nu lewang; jumerit dina werit maratan
langit..)

nun gusti nu agung, nu luhung , nu gumulung

nun gusti hyang widi, hyang wenang, hyang wening

nun gusti nu welas nu asih

kedah kamana abdi milari?

kamana jeung dimana 'anjeun' lumahing?

ceuk sakaol, aya di kulon, manggih wetan

ceuk sakaol aya dikaler, manggih kidul

ceuk sakaol, teang 'elmu'na nepi ka nagri cina

ceuk sakaol, leuwih deukeut batan urat beuheung sorangan

ceuk sakaol, aya dimana-mana, euweuh dimana-mana

ceuk sakaol, aya dina patung

ceuk sakaol, aya dina batu

ceuk sakaol, aya dina leuwi jeung leuweungna

ceuk sakaol, aya di mumunggang gunung

ceuk sakaol, aya dijero laut

ceuk sakaol, kumaha lalangit urang sewang-sewangan.

naha 'ANJEUN' ngan saukur 'EUCEUK' jeung 'BEJA' ?

naha ngan saukur 'yakin' aya na, bari teu yakin aya na?

naha ngan saukur catur, aya di euweuhna?

naha ngan saukur teang dina galeuh bitungna?

naha ngan saukur dina langit ka tujuh?

naha ngan saukur dina lapis ka salapan?

nun gusti nu murba wisesa

nun gusti nu murbeng alam


nya kamana abdi muntang, ka,mana abdi balik?

dina walahir aya awal aya ahir?

dina miang ti pamiangan?

dina balik ka pangbalikan?

muga ulah salah harti,muga ulah salah larap

muga aya pituduh, muga aya nu nuduhkeun

muga karasa ku 'rasa'ning rasa

muga kahontal ku nalarna akal

muga katepi ku 'aci'ning ati

muga katembong ku 'deuleu'na mata

muga kadangu ku'reungeu'na ceuli

muga ka ambeu ku 'angseu'na irung

muga karampa ku'ragap'na leungeun

muga jeung muga deui wae

da 'ngaing' mah teu wasa...........................

cag !

 

oca,warung pojok'72. o2.oo, 22.01.'00




tah kitu kirang langkung parosesna teh?..._/I\_
Rampes! ...Rampa Salira !

hn*R3M

 

 

 

 

 

 

 

.  







 

2013/9/30 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

kasanggakeun kidulur mang Kabayan, 

aya hal nu jadi aheng dina pasualan kecap al hajj atw haji. 

kieu

gelar pupuhu PADJADJARAN NAGARA, di Pakuan Padjadjaran:

SRI BADUGA MAHARAJA, RATU 'HAJI' DIPAKUAN PADJADJARAN

SRI JAYADEWATA.

SANG PAMANAH RASA

katelah sohor disebut Eyang Prabu Siliwangi.

kecap haji di Sunda dina harti geus 'hatam  nga'hiji'keun..hiji jeung enol
tea.

 

oge kecap wali. 

hurup sacara etimologi w tungtungna jadi b. conto wesi-besi; waja-baja; 

wali- bali, hartina wiwit; asal mula; purwa (ka bali geusan ngajadi )

baduy oge tina asal kecap waduy, sarua hartina ; wiwit.

jadi jentre mun kecap kawali - ka wiwit, lain kuali. 

wiwit kiwari robah, jadi bibit ! bibit buit..heu

cag Rampes...Rampa Salira!.

hn*R3M

 

 

 

 

2013/9/30 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

SAMPURASUUUN! ....HAMPURA INGSUN _/i\_..EXCUSE ME !

emh...abah Sepuh, mang Kabayan lan baraya sadaya,

subhanallah!

asa puriding puringkak ngaos pedaran ngaran kuring keur koreksi diri teh,

asa kaleuleuwihi pedaran abah Sepuh teh....

da kuring mah teu wasa, teu daya, teu upaya.....

sadaya na oge anging keresaNa Gusti Nu Maha Suci , nun..._/I\_

mung anjeunna nu boga Kawasa, boga Keresa

nu ngusik malikkeun urang sadaya.

AnjeunNa nu ngaWasa Wallahir, awal jeung ahir.

pedaran kuring sateuacanna boa mung saukur ukuran debu dijagat pawenangan
ieu.

ngan sabab 'karandapan ku sorangan' wae eta mah, pamendak keur sadirieun
wungkul.

ulah waka dipercaya sagemblengna

bisi nangtung dina kayakinan numutkeun EUCEUK jeung BEJA.

sabab lamun miboga kayakinan dina euceuk jeung beja mah,

pinasti neangna kaLUAR, lain kaJERO.

bakal ngabalukarkeun SASABna papanggihan...beuh !

ieu kamandang kusabab aya alungan judul ti baraya ,

sugan jeung sugan,..eusianeun.

ngan panganteurna make data padika/metodana ti kabuyutan

ti uyut urang sarerea...karuhun

anahoreng, pedaran ti UYUT  teh geuning, teu jauh beda jeung pedaran tina
AYAT.

ngan saukur beda sesebutannana wungkul.

geuning eta keneh BARANGna mah. 


ngaguar atawa neangan elmu teh geus sakuduna dina lengkah anu

kaHARTI, tuluy kaRASA anu tungtungna NYATA !

aenal yaqien tuluy jadi haqqul yaqien... 

heu...!

cag,

RAMPES....RAMPA SALIRA.

nhn*R3M

 

 

 

 

 

 

 

 

2013/9/30 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]>

 

Wah jadi haneuteun deui yeuh Kisunda teh upami para Bagawan Sunda tos
ngawitan "HEHEOTAN" sareng "NGAHARIRING". Ulah lepat deui upami hoyong
terang bangsa "TATAPAKAN" taroskeun we ka Bah Oca anu nami asli anjeunna teh
jenengan "ANU POHARA GAGAH PERKASANA" atawa "MAHA KAWASA"...dina basa Sunda
disebat "ROSA". Aya deui ma'na anu sanes nyaeta papasangan tina "KHAUF"
namina "ROZA". Pilihan dina waktos ragu-ragu. "SILOKANA" sapertos Siti Hajar
bulak balik to SOFA ka MARWA (tina KHAUF ka ROZA?) waktos bingung milarian
cai tina nyaah ka putrana "ISMAIL" anu nembe borojol... nya dijantenteunkeun
rukun haji ku mangrupa "SYA'I"......he..he. Numawi leres upami bade mios
"HAJI" kedah nepangan heula Bah Oca anu parantos terang di "HIJI" sareng
"NOL" silokana "RAGA" sareng "NYAWA" ngahijina jadi "AING" dina tingkatan
"SASMITA" sanes "SILOKA". Upami dina ajaran sufi mah eta teh sok disebat
tingkatan "MURA AQOBAH = MURAKABAH", saluhureun tingkat "SIDIQIYAH". Dina
tingkatan eta basa padanan anu sok dianggo ku para Guru Mursid tibalik,
upami tos kapendak "TAPAKNA" kedah terang saha "NU BOGANA" naha meri naha
soang atawa sireum?, padanan basana sok sering dianggo "COET HAYANG NYAHO DI
BATUNA"....tah kedah kumaha nya? ....Cag 

  

From: mang kabayan <[email protected]>
To: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda
<[email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]>;
[email protected] 
Sent: Monday, September 30, 2013 4:10 AM


Subject: Re: [kisunda] Re: Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?

 

  

Dahsyaaat Bah Oca,
Tah geuning berarti bener tah Eyang Haji teh nyarita teu meunang naek haji
lamun can haji ~ hiji ~ ngahiji ~ ngaji diri ~ neangan diri ~ ngarampa diri
tea :).

Eta anu hese mah pan ngaji diri hehehe. Ngaji kitab mah gampang tinggal maca
kaharti, ngaji diri sorangan tah lieur hehehe. 

nuhuuuuns,
mang asep kabayan
www.cipaku.org

  _____  

From: "Roza R. Mintaredja" <[email protected]> 

Sender: [email protected] 

Date: Mon, 30 Sep 2013 01:22:54 +0700

To: <[email protected]>

ReplyTo: [email protected] 

Cc: <[email protected]>; Baraya_Sunda<[email protected]>;
UrangSunda<[email protected]>

Subject: Re: [kisunda] Re: Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?

 

  

neang suwung?

dina metoda keur neang JatiDiri jeung Gusti

sapuk kudu 'ngosong'keun pikir tina masalah dunya.

eta metoda dipake sacara universal

kusagala ageman boh nu 'resmi' atawa hanteu

nga'hening'....

mun 'bener' ngaheningna

pinasti papanggihan..

bakal panggih jeung sajatining diri na

sabab neangna ka jero

kudu panggih heula jeung si Aing na

cag!

urang tunda di hanjuang hyang
urang teundeun di haneuleum hieum
paragi nyokot

jeung ninggalkeun

keur sampeureun jaga...

hampura ingsun....

rampa salira!

_/I\_..._/I\_..._/I\_

 

*R3M

 

 

 

 

2013/9/30 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

Sampurasuuun! hampura ingsun..._/I\_
beuh... 
Abah Sepuh lan baraya sadaya ! 
Kuring asa kageuri deui dina bagbagan  ngaguar deui hal2 anu sipatna dina
tataran pantun/suluk buhun.yeuh? 

Eta pantun memang cenderung ngajak urang neuleuman nyosok jero ngeunaan hiji
guaran buhun : - 
AYA di EUWEUH NA - EUWEUH di AYA NA.-(teang dina -galeuh bitung , hate
kangkung tea). 
Janten numutkeun kuring di tapsirkeunana kedah dina tataran atanapi panta
luhung, SASMITA (= ma'rifat mun ceuk ageman Islam mah).
sanes dina panta SILIB, SINDIR, SAMPIR,SILOKA (panca curiga) deui...tapak
soang, tapak meri, tapak sireum jjrd., 
kesanna abstak atawa moal kapanggih atawa kataekan. 
GEURA TEANG KU DIA! naha suwung teh dina harti kosong sacara lahir? 
naha Tapak soang, meri, sireum teh euweuh?
Mun hayang kapanggih, kapaksa kudu jadi bitung, kangkung,  soang, meri jeung
sireum heula.heu...
'Rasa jeung Sipat Manusa, kudu obah ('turun?)' jadi 'rasa/sipat sato' atawa
' rasa/sipat tutuwuhan' heula. 
Kunanon dina prasasti2 karuhun urang dina batu, sok make 'tapak suku', ngan
sakadar 'cap' wungkul ???

Baraya....
Dina naskah Amanat Galunggung aya panta-panta mahluk di alam dunya. disebut
JANMA (lain jalma). Boga lima panta: 
1. Janma Tumuwuh(tutuwuhan). 2.Janma Triak(sato). 3. Janma Wong (jelema 1/2
sato). 4. Janma Siwong (jelema nu geus make otak jeung rasa)
 jeung 5.Janma Wastu siWong ( jelema nu geus ma'rifat). Emut ngaran Wastu
Kancana, tos didinya level anjeunna.
Janma Tumuwuh , hirup samemeh aya janma Triak (triasic-jurasic?) jst.
Janma siWong/cerdas  kacaritakeun karak berkembang 100rewu taun
katukang.(homo sapien)
Umur dunya lima milyar taun. Tangkal wiwitan, sapuk disebut tangkal PAKU
puluhan yuta taun katukang.

hmm...galuh PAKUan - PAKUan padjadjaran.


AYA jeung EUWEUH bisa dideukeutkeun dina angka matematik sarua jeung
wilangan numerik binary - hiji jeung enol....
lamun hiji dibagi enol disebutna 'tanpa wates wangenan'- infinity - tak
hingga. tapi lamun enol dibagi hiji, nya tetep enol. 
Eta angka binary anu jadi 'nyawa'na komputer tug nepi ka kiwari. 
Komputer bisa 'hirup' ku ka AYA na hiji jeung EUWEUHna enol ! 
Empirik geus ngabuktikeun kitu. Komputer teh buatan janma siWong.... 
ari janma siWong buatan saha?
tah eta rupina anu disebut KUJANG PAPASANGAN teh.

manga geura emutan KUuJANG...naon anu diteangan teh?


rengse saheulaaneun....

Cag..!

Rampes...rampa salira.

nhn*R3M  

 

2013/9/28 mang kabayan <[email protected]>

  

Luar biasa Ua Sastra nuhuuuns pisan :).

Pami aya anu gaduh bukuna diantos, sok ah urang galuaran :). 

nuhuuuuns,
mang asep kabayan
www.cipaku.org <http://www.cipaku.org/> 

  _____  

From: [email protected] 

Sender: [email protected] 

Date: Thu, 26 Sep 2013 03:15:11 +0000

To: <[email protected]>; Baraya_Sunda<[email protected]>;
UrangSunda<[email protected]>; Kisunda<[email protected]>

ReplyTo: [email protected] 

Subject: Re: [kabuyutan] Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?

 

  

Upami aya anu kagungan cobi pilari dina kamus para sufi Sunda seratan
"R.H.Hasan Mustopa" atanapi wawacan Muslimin Muslimat.. Seueur kalimat
padanan anu sami ma'na na. Eta kalimah sok sering disadur ku Bah Oca:
contona teangan " tapak sireum dina batu", "bangkong ngaheumheum liang",
"galeuh kangkung awi bitung"... Upami teu lepat eta kalimat teh "suluk" para
Guru Mursid keur "nguji" tingkat IQ muridna naha tos nepi kana tingkatan
"ma'rifat/tauhid?" atanapi masih keneh hejo kanyahona... Ceuk guru ka murid
kudu geus nepi ka "buah ragrag asak geus nyaho kana sikina"....
Wallohu'alam... 

Powered by Telkomsel BlackBerryR

  _____  

From: "mang kabayan" <[email protected]> 

Sender: [email protected] 

Date: Thu, 26 Sep 2013 02:45:53 +0000

To: Baraya_Sunda<[email protected]>;
UrangSunda<[email protected]>; Kisunda<[email protected]>;
<[email protected]>

ReplyTo: [email protected] 

Subject: [kabuyutan] Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?

 

  

Salah sahiji teka teki nu aya di Kabuyutan Cipaku anu can kaharti ku Mamang
kieu, "Teangan Tapak Meri Dina Leuwi"? Ciiik susuganan kasepuhan jeung
baraya didieu apal naon hartina? 

Ari Teangan Tapak Soang di Awang-awang mah geus Kaharti hehehe artina
nyakitu eta Rasi Bintang jeung Kalender Kala Sunda nu pang kolotna sadunya
tea :). 

Tah Palebah Tapak Meri Dina Leuwi can kapikir euy :(. 

Aya deui Endog Kongkorongok hehehe pan biasa nah Hayam lin nu kongkorongok
mah ieu mah endog kongkorongok, ieu paham artina kaitanna ieu jeung Islam
yeuh. Nu Pang Ngorana tapi Pang Sampurna na, kunaon disebut Sampurna
kulantaran nyakitu malikeun deui KATAUHIDAN, Monotheismeu, "La Ilaha
Illalloh" tea euweuh deui Gusti Pangeran Iwal ti Alloh SWT. Kristen rada
menyimpang walopun Tuhanna sarua tapi Ngultuskeun Nabi ISA. Tah Islam mah
henteu Nabi Muhammad SAW henteu dikultuskeun, hade pisan tah Alloh SWT
ngamanusiakeun Nabi Muhammad SAW contona nyakitu manehna resep ka ABG
hehehe. Eta manusiawi pisan justru palebah dieu Alloh SWT Maha Kawasana
euweuh Umat Islam anu mahiwal siga Kristen nyebut Nabi Muhammad SAW anakna
Alloh SWT :). 

Tah beuki kadieu beuki loba Endog Anu Kongkorongok nyakitu generasi leuwih
ngora bisa nyiptakeun Sagala Rupa ku Kapanggihna Elmu Pangatahuan jrrd. 

Aya deui Teangan Dawegan Kolot Kalapana tah ieu ampir mirip jeung Endog
Kongkorongok artina Generasi Ngora Anu Kolot Eusina / Kolot Pangaweruhna/
Luhur Elmuna pan ayeuna anu maju teh kitu. Tempo weh Fesbuk jijieunan
Dawegan Kalapa Kolot eta... Budak Ngora nyieun Geger Dunia pan? 

Nabi Muhammad SAW weh bisa kaasup Dawegan Kalapa Kolot hehehe umur 40 taun
ngeus ngabamblam nyaritakeun Ayat-ayat Alloh SWT pan? 

Kabelah dieu sigana bakal beuki loba Dawegan Kalapa Kolot, budak ngora anu
luhur elmuna tur kreatif bisa mendobrak dunya hehehe. 

Wallohualam bishawab :). 

nuhuuuuns, 
mang asep kabayan 
www.cipaku.org <http://www.cipaku.org/> 

 

 

 

 

 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke