sip, kang. enya nya, moal kabeh jelema resep hening da :)

lajengkeun kang..... abdi mah ngabandungan deui weeee :)


2013/10/7 Ahmad Hazairin <[email protected]>

> **
>
>
> Kang Dudi:
>
> >tong diajarkeun ka sadayana, kang. bisa-bisa ieu dunya jadi serepin. teu
> rame, ah. hahaha. pan saurna salasahiji nu "ngamajukeun" dunya teh, naon nu
> >ku akang disebut kokotor nu kudu dileungitkeun: kasarakahan... :)
>
>
> Keun weh kang, da aya "seleksi alam" :).
> Dunya moal pernah sepi :)
> Seleksi alam alias sunatullah tea kang ;)
>
> Upami dirahasiahkeun janten misteri, janten ajaib.  Padahal teu aya anu
> ajaib. Sagala oge aya jalanna.  Teu aya anu sakral, sadayana oge profan ;)
> Janten anu elmuna deet moal tiasa pura-pura jero ku cara menampilkan
> misteri he.. he.. he..
> Oge mugi jalmi-jalmi anu awong-awongan ngahurungkeun syiar kabencian ka
> kelompok anu lian saladar yen eta kabencian kagedur dina jiwa teh raja
> setan tea :)
>
>
>   ------------------------------
>  *Von:* dudi <[email protected]>
> *An:* "[email protected]" <[email protected]>
> *CC:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Gesendet:* 11:14 Montag, 7.Oktober 2013
> *Betreff:* Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin
>
>
>  tong diajarkeun ka sadayana, kang. bisa-bisa ieu dunya jadi serepin. teu
> rame, ah. hahaha. pan saurna salasahiji nu "ngamajukeun" dunya teh, naon nu
> ku akang disebut kokotor nu kudu dileungitkeun: kasarakahan... :)
>
>
> 2013/10/7 Ahmad Hazairin <[email protected]>
>
>
>  Sampurasun...,
>
> Ieu cara kanggo ngarojong jalan cepat kanggo ngahaluskeun konsentrasi
> hening batin....,
>
> Kondisi hening batin moal tiasa kahontal lamun dina batin urang loba keneh
> kokotor.  Tos disebutkeun dina email sateuacanna yean aya tilu kagorengan
> pokok: kasarakahan, kabencian jeung kabodoan.  Jalma anu 'bageur' biasana
> tingkat kabencianana ipis, tapi masih hese leupas tina kasarakahan.
> Kulantaran sifat kabencian teh panas kana hate, gelisah hate, teu genah
> hate; eta sifat kabencian.  Tapi sifat kasarakahan hate teh atoh, hate
> curinghak, hate mikahayang, jadi karasa endah, jadi loba impian anu genah
> kana pikiran; ieu sifat kasarakahan.  Kulantaran kitu jalma hese lesot tina
> kasarakahan kulantaran kasarakahan karasa genah kana batin jeung pikiran.
> Ieu tipuan.
>
> Rahasiah urang hayang gancang bisa ngahontal hening batin, nyaeta
> ngalesotkeun diri tina objek-objek kasarakahan jeung kabencian.  Objek
> kasarakahan jeung kabencian teh aya dina internal jeung eksternal.
>
> Contoh objek eksternal kabencian: urang ngewa ka hiji jelema kulantaran
> eta jelema nyarekan, ngumpat ka diri urang. Atawa urang iri/sirik kana
> kamajuan batur.
>
> Contoh objek internal kabencian:  urang pernah ngalakukeun dosa, jadi
> urang gelisah jeung menyesal, kadang ngewa ka diri sorangan, kuciwa ka diri
> sorangan.  Ieu kudu dilesotkeun.  Maaf-keun diri urang sorangan. Ulah
> dilakukeun deui dosana.  Hayu urang maju kana kaalusan.
>
> Contoh objek eksternal kasarakahan: urang hayang pisan mobil mewah,
> padahal kabutuhan geus bisa ku mobil anu sederhana oge.
>
> Contoh objek internal kasarakahan:  urang hayang gancang-gancang ngahontal
> tingkat kasucian kujalan samadhi level luhur, tapi urang poho kana
> ngamurnikeun moral.  Ieu kasarakahan anu geus nipu.
>
> Tah, objek kabencian jeung kasarakahan kudu dilesotkeun.  Ieu makna "laa
> ilaaha illallah...."
> Kang jeng Nabi pernah ngadawuh, yen sing saha anu dina akhir hayatna
> (sakratul maut) bisa ngucap 'laa ilaaha illallah...' maka bakal asup kana
> surga.
> Tah eta ucapan 'laa ilaaha illallah' teh dina sakratul maut moal bisa
> diucapkeun lamun batin jeung pikiran urang kaiket ku objek anu lain,
> misala: objek harta benda anu dipikanyaah pisan, dikumpulkeun puluhan taun;
> atawa objek anak incu jeung pamajikan nu rek ditinggalkeun, diri jadi
> hariwang ku nasibna.  Tah eta objek-objek teh ngajerat dina batin jelema
> anu sakratul maut, jadina teu inget ka gusti Allah, teu bisa berserah diri
> tur kaikhlasan, tur kosong batin tengtrem tina sagala objek ikatan
> kagelisahan jeung kasarakahan. Kedahna mung aya 'laa ilaaha illallah...'.
>
> Jadi, dina latihan samadhi hening teh urang diajar ngalesotkeun pikiran
> jeung batin tina sagala macam objek di dunia ieu, anu sadayana oge
> tipuan....
>
> Wallahu'alam
>
> Febi
> ===
>
>
>  ,___
>

Kirim email ke