>Tah eta ucapan 'laa ilaaha illallah' teh dina sakratul maut moal bisa diucapkeun lamun batin jeung pikiran urang kaiket ku objek anu lain, misala: objek >harta benda anu dipikanyaah pisan, dikumpulkeun puluhan taun; atawa objek anak incu jeung pamajikan nu rek ditinggalkeun, diri jadi hariwang ku >nasibna. Tah eta objek-objek teh ngajerat dina batin jelema anu sakratul maut, jadina teu inget ka gusti Allah, teu bisa berserah diri tur kaikhlasan, tur >kosong batin tengtrem tina sagala objek ikatan kagelisahan jeung kasarakahan. Kedahna mung aya 'laa ilaaha illallah...'.
Tah kumargi eta, upami aya anggota kulawarga urang atanapi anu sanesna nuju sakratul maut, ulah diceungceurikan di hareupeun anu keur sakratul maut. Bisi anu keur sakratul maut jadi beurat kunu ceurik, jadi hariwang. Jadina teu bisa ngarealisasi 'laa ilaaha illallah' dina akhir hayatna. Jadi anggota kulawarga si sakratul maut anu teu kuat rek ceurik, kudu dijauhkeun ti si sakratul maut. Anggota kulawarga anu bijaksana kudu 'nalqin' eta si sakratul maut kumaha carana bisa ngarealisasi 'laa ilaaha illallah'; geus euweuh iketan deui jeung kadunyaan; kalawan ikhlas 'lahir deui' di alam lain, ya eta surga tea.... Wallahu'alam Febi === ________________________________ Von: Ahmad Hazairin <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 11:03 Montag, 7.Oktober 2013 Betreff: [Urang Sunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin Sampurasun..., Ieu cara kanggo ngarojong jalan cepat kanggo ngahaluskeun konsentrasi hening batin...., Kondisi hening batin moal tiasa kahontal lamun dina batin urang loba keneh kokotor. Tos disebutkeun dina email sateuacanna yean aya tilu kagorengan pokok: kasarakahan, kabencian jeung kabodoan. Jalma anu 'bageur' biasana tingkat kabencianana ipis, tapi masih hese leupas tina kasarakahan. Kulantaran sifat kabencian teh panas kana hate, gelisah hate, teu genah hate; eta sifat kabencian. Tapi sifat kasarakahan hate teh atoh, hate curinghak, hate mikahayang, jadi karasa endah, jadi loba impian anu genah kana pikiran; ieu sifat kasarakahan. Kulantaran kitu jalma hese lesot tina kasarakahan kulantaran kasarakahan karasa genah kana batin jeung pikiran. Ieu tipuan. Rahasiah urang hayang gancang bisa ngahontal hening batin, nyaeta ngalesotkeun diri tina objek-objek kasarakahan jeung kabencian. Objek kasarakahan jeung kabencian teh aya dina internal jeung eksternal. Contoh objek eksternal kabencian: urang ngewa ka hiji jelema kulantaran eta jelema nyarekan, ngumpat ka diri urang. Atawa urang iri/sirik kana kamajuan batur. Contoh objek internal kabencian: urang pernah ngalakukeun dosa, jadi urang gelisah jeung menyesal, kadang ngewa ka diri sorangan, kuciwa ka diri sorangan. Ieu kudu dilesotkeun. Maaf-keun diri urang sorangan. Ulah dilakukeun deui dosana. Hayu urang maju kana kaalusan. Contoh objek eksternal kasarakahan: urang hayang pisan mobil mewah, padahal kabutuhan geus bisa ku mobil anu sederhana oge. Contoh objek internal kasarakahan: urang hayang gancang-gancang ngahontal tingkat kasucian kujalan samadhi level luhur, tapi urang poho kana ngamurnikeun moral. Ieu kasarakahan anu geus nipu. Tah, objek kabencian jeung kasarakahan kudu dilesotkeun. Ieu makna "laa ilaaha illallah...." Kang jeng Nabi pernah ngadawuh, yen sing saha anu dina akhir hayatna (sakratul maut) bisa ngucap 'laa ilaaha illallah...' maka bakal asup kana surga. Tah eta ucapan 'laa ilaaha illallah' teh dina sakratul maut moal bisa diucapkeun lamun batin jeung pikiran urang kaiket ku objek anu lain, misala: objek harta benda anu dipikanyaah pisan, dikumpulkeun puluhan taun; atawa objek anak incu jeung pamajikan nu rek ditinggalkeun, diri jadi hariwang ku nasibna. Tah eta objek-objek teh ngajerat dina batin jelema anu sakratul maut, jadina teu inget ka gusti Allah, teu bisa berserah diri tur kaikhlasan, tur kosong batin tengtrem tina sagala objek ikatan kagelisahan jeung kasarakahan. Kedahna mung aya 'laa ilaaha illallah...'. Jadi, dina latihan samadhi hening teh urang diajar ngalesotkeun pikiran jeung batin tina sagala macam objek di dunia ieu, anu sadayana oge tipuan.... Wallahu'alam Febi ===
