Kang Yadi, Uwa M. Sastra, sareng saderek sadayana... Tina hadits anu nerangkeun yen jalma anu ngucapkeun 'laa ilaaha illallah' dina akhir hayatna bakal asup ka surga, aya sababaraha makna. Memang dina kajadian eta hadits, Abu Dzar oge teu puas, kulantaran aya lolongkrang asup surga pikeun jalma anu maling jeung zinah. Nepikeun ka rasulullah ngadawuh dina akhir eta hadits: 'memang kitu, Abu Dzar rek puas atawa henteu....'.
Makna anu ku urang tiasa dicandak nyaeta: (1) Kasadaran di akhir hayat pikeun ngalesotkeun sagala iketan tina pikiran jeung batin, kacuali ka nu Maha Suci nu Murbeng alam teh ngabogaan nilai anu luhur pisan, gede pisan. Nilai anu gede eta bisa neken sagala kagorengan anu pernah dilakukeun. (2) Tiap jalma pernah ngalakukeun kahadean, walau saeutik. Jalma tukang maling, tukang zinah, enyage bakal hese ngalesotkeun objek kadunyaan dina akhir hayatna, tapi bisa wae artina memang sababaraha waktu saencan maot timbul kasadaran, timbul kainsyafan. Jadi pas akhir hayat bisa nga-realisasi 'laa ilaaha illallah' dina pikiran, batin jeung mungkin oge kaudag ku verbal. (3) Asup surgana jalma tukang maling jeung zinah, lain artina dosa-dosana dihampura saperti dianggap euweuh. Tapi artina bakal ngurangan timbangan pahalana di surga. Misalna: ngucap 'laa ilaaha illallah' di akhir hayat teh nilai pahalana 1000; lamun bisa karealisasi di akhir hayat maka bisa asuk ka surga tingkat 3 anu endah pisan tur pinuh ku kabagjaan. Tapi kulantaran saencan maot sok maling jeung zinah, maka pahalana dikurangan jadi ngan saukur nilai 200; atuh eta jelema asup ka surga tingkat 1, anu teu saendah tingkat 3. *** Eta panginten anu ku urang tiasa difahami. Tapi tangtosna lain urang ulah melang ngalakukeun kagorengan. Kulantaran kagorengan teh cepel pisan, ngiket pisan. Bisa-bisa tepi ka akhir hayat urang teu kawaktuan pikeun timbul kasadaran keung kainsyafan; naudzubillah... Atuh lamun urang mupuk kahadean, kabayang pan mangpaatna pikeun akhir hayat jeung engke di alam saenggeus maot... Wallahu'alam Febi === ________________________________ Von: "ps...@yahoo.com" <ps...@yahoo.com> An: urangsu...@yahoogroups.com Gesendet: 21:03 Montag, 7.Oktober 2013 Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin Sumuhun kahoyong sadayana adil. Ua oge saatuju. Mung cobi uninga dina hadist riwayat ti Abu Dzal (hilap deui Muslim atanapi Buchari)...dina hal ieu Abu Dzal naroskeun dugi ka tilu kali ka Rosulullah...kumaha upami eta jalmi teh tukang mabok, begal tarok/babacok sareng zinah? Saur Rosululllah "mun bisa ngucakeun lailahaillah dina bade maot, eta jalma dihampura dosana..." Duka kamana makna na eta pidawuh Rosul teh...da ceuk logika urang mah pimustahileun jelema model kitu bisa mgedalkeun kalimah toyibah nuju mayunan sakaratul maut.... Wallohu'alam.. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: "Yadi Supriadi Wendy" <y...@bdg.pacific.net.id> Sender: urangsu...@yahoogroups.com Date: Mon, 7 Oct 2013 13:00:50 +0000 To: Kusnet<urangsu...@yahoogroups.com> ReplyTo: urangsu...@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin HAMSastra: >dawuhan Rosulullah SAW, sing saha anu tiasa ngucapkeun "lailahailallah" >kalawan utuh, kasebatna eta jalmi "Husnul Khotimah" anu dijamin tiasa lebet ka >surga. Aya kalana sok ngagerentes dina hate, dimana kaadilanana? Jalma nu sapopoena teu sirikna tukang mabok tukang tarok tukang morosotkeun anderok, pek ari dina waktu sakaratul maot tinggal ngucapkeun tahlil, langsung meunang tiket ka sawarga. Tapi aya oge nu ngaharewos, mun sapopoena jalma teh jauh ka Allah, bisa gede kamungkinan dina sakaratul maotna oge tetep bakal jauh ti Allah. Tapi sabalikna, mun jelema tos biasa caket ka Allah, iraha bae oge - kalebet dina sakaratul maot, bakal tetep caket ka Allah, insyaa Allah. Sok sanajan sakaratul maotna oge dina kaayaan keur koma. Tah rada asup kana logika ari kitu mah. Hal ieu sigana nu ku kang Febi diguar dina salah sawios emailna, kuring satuju. Wassalam, -Yadi Supriadi Wendy-