Alhamdulillah..., Leres pisan, Uwa M. Sastra, perkawis lebet surga atanapi naraka na mah teu aya anu mutlak.
Mung aya anu mutlak, yaeta balesan amal sae sareng balesan amal goreng. Amal sae pasti aya buahna (balesan), oge amal goreng pasti aya buahna. Perkawis wanoja ahli dzikir anu lebet naraka kulantaran goreng ka tatangga, atanapi dina hadits lain aya kulantaran nyangcang Ucing bari teu mere parab; eta wanoja janten ahli naraka kulantaran kagorenganana anu boga efek kuat pisan. Tapi dina hiji mangsa engke oge amal hadena bakal nga-buah, nyaeta si wanoja paeh dina naraka terus dilahirkeun deui di alam surga; atawa ku basa lain, si wanoja dijait tina naraka terus diasupkeun ka surga. Disebut ahli naraka eta wanoja, lain artina bakal langgeng dina naraka; tapi bakal langsup asup naraka saenggeus maot ti dunya jeung bakal lila pisan dina naraka. Waktu di akherat (surga/naraka) bisa jutaan tahun lamun dibandingkeun jeung taun di dunya. Jadi lila pisan... Wallahu'alam Febi === ________________________________ Von: "ps...@yahoo.com" <ps...@yahoo.com> An: kisunda@yahoogroups.com; "urangsu...@yahoogroups.com" <urangsu...@yahoogroups.com> Gesendet: 10:07 Mittwoch, 9.Oktober 2013 Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin Ah resep yeuh sawala teh, kanggo Ua mah itung itung "refreshing" jaman keur ngora we. Mung punten sok sering pakusut lepat nyebat/ngetik maklum nyeratna sakaemut Ua. Upami dibandingkeun eusi hadist2 (mudah2an shoheh) sok aya anu paradoksal. Sapertos waktos wafatna Kanjeng Nabi, teu kacarioskeun para sahabat nyaksian anjeunna ngedalkeun kalimah "lailahailallah" malih anu dikedalkeun "ummati ummatiii!". Wasiat ka Abu Dzar kitu tah sanaos asalna begal sareng berzinah asal tiasa ngucapkeun eta kalimah dijamin salamet di akherat... Aya deui kasauran Nabi anu matak heran para sahabat. Waktos sahabat nguningakeun aya hiji istri anu kawentar getol dzikir sareng rupi2 amalan ibadah wajib sareng sunahna, naha eta kalebet istri sholehah ahli surga? Rosulullah ngawaler "sanes, eta istri teu kalebet istri sholehah ahli surga". Sahabat reuwas, naon margina ya Rosulullah? Saur Kangjeng Nabi: "eta istri goreng ka tatanggana (teu akur?)...". Tah upami nitenan kana eta kajadian tetela hadist teh sifatna "kondisional"(masih bersyarat) teu mutlak. Buktosna "hablumminallah" (misalna amalan dzikir) tiasa batal ku sabab cacat dina "hablumminannas" (contona goreng ka tatangga). Wallohu 'alam... Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Ahmad Hazairin <don_f...@yahoo.de> Sender: kisunda@yahoogroups.com Date: Wed, 9 Oct 2013 03:36:29 +0100 (BST) To: urangsu...@yahoogroups.com<urangsu...@yahoogroups.com>; kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com> ReplyTo: kisunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin Kang Yadi, Uwa M. Sastra, sareng saderek sadayana... Tina hadits anu nerangkeun yen jalma anu ngucapkeun 'laa ilaaha illallah' dina akhir hayatna bakal asup ka surga, aya sababaraha makna. Memang dina kajadian eta hadits, Abu Dzar oge teu puas, kulantaran aya lolongkrang asup surga pikeun jalma anu maling jeung zinah. Nepikeun ka rasulullah ngadawuh dina akhir eta hadits: 'memang kitu, Abu Dzar rek puas atawa henteu....'. Makna anu ku urang tiasa dicandak nyaeta: (1) Kasadaran di akhir hayat pikeun ngalesotkeun sagala iketan tina pikiran jeung batin, kacuali ka nu Maha Suci nu Murbeng alam teh ngabogaan nilai anu luhur pisan, gede pisan. Nilai anu gede eta bisa neken sagala kagorengan anu pernah dilakukeun. (2) Tiap jalma pernah ngalakukeun kahadean, walau saeutik. Jalma tukang maling, tukang zinah, enyage bakal hese ngalesotkeun objek kadunyaan dina akhir hayatna, tapi bisa wae artina memang sababaraha waktu saencan maot timbul kasadaran, timbul kainsyafan. Jadi pas akhir hayat bisa nga-realisasi 'laa ilaaha illallah' dina pikiran, batin jeung mungkin oge kaudag ku verbal. (3) Asup surgana jalma tukang maling jeung zinah, lain artina dosa-dosana dihampura saperti dianggap euweuh. Tapi artina bakal ngurangan timbangan pahalana di surga. Misalna: ngucap 'laa ilaaha illallah' di akhir hayat teh nilai pahalana 1000; lamun bisa karealisasi di akhir hayat maka bisa asuk ka surga tingkat 3 anu endah pisan tur pinuh ku kabagjaan. Tapi kulantaran saencan maot sok maling jeung zinah, maka pahalana dikurangan jadi ngan saukur nilai 200; atuh eta jelema asup ka surga tingkat 1, anu teu saendah tingkat 3. *** Eta panginten anu ku urang tiasa difahami. Tapi tangtosna lain urang ulah melang ngalakukeun kagorengan. Kulantaran kagorengan teh cepel pisan, ngiket pisan. Bisa-bisa tepi ka akhir hayat urang teu kawaktuan pikeun timbul kasadaran keung kainsyafan; naudzubillah... Atuh lamun urang mupuk kahadean, kabayang pan mangpaatna pikeun akhir hayat jeung engke di alam saenggeus maot... Wallahu'alam Febi === ________________________________ Von: "ps...@yahoo.com" <ps...@yahoo.com> An: urangsu...@yahoogroups.com Gesendet: 21:03 Montag, 7.Oktober 2013 Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin Sumuhun kahoyong sadayana adil. Ua oge saatuju. Mung cobi uninga dina hadist riwayat ti Abu Dzal (hilap deui Muslim atanapi Buchari)...dina hal ieu Abu Dzal naroskeun dugi ka tilu kali ka Rosulullah...kumaha upami eta jalmi teh tukang mabok, begal tarok/babacok sareng zinah? Saur Rosululllah "mun bisa ngucakeun lailahaillah dina bade maot, eta jalma dihampura dosana..." Duka kamana makna na eta pidawuh Rosul teh...da ceuk logika urang mah pimustahileun jelema model kitu bisa mgedalkeun kalimah toyibah nuju mayunan sakaratul maut.... Wallohu'alam.. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: "Yadi Supriadi Wendy" <y...@bdg.pacific.net.id> Sender: urangsu...@yahoogroups.com Date: Mon, 7 Oct 2013 13:00:50 +0000 To: Kusnet<urangsu...@yahoogroups.com> ReplyTo: urangsu...@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ngahaluskeun konsentrasi hening batin HAMSastra: >dawuhan Rosulullah SAW, sing saha anu tiasa ngucapkeun "lailahailallah" >kalawan utuh, kasebatna eta jalmi "Husnul Khotimah" anu dijamin tiasa lebet ka >surga. Aya kalana sok ngagerentes dina hate, dimana kaadilanana? Jalma nu sapopoena teu sirikna tukang mabok tukang tarok tukang morosotkeun anderok, pek ari dina waktu sakaratul maot tinggal ngucapkeun tahlil, langsung meunang tiket ka sawarga. Tapi aya oge nu ngaharewos, mun sapopoena jalma teh jauh ka Allah, bisa gede kamungkinan dina sakaratul maotna oge tetep bakal jauh ti Allah. Tapi sabalikna, mun jelema tos biasa caket ka Allah, iraha bae oge - kalebet dina sakaratul maot, bakal tetep caket ka Allah, insyaa Allah. Sok sanajan sakaratul maotna oge dina kaayaan keur koma. Tah rada asup kana logika ari kitu mah. Hal ieu sigana nu ku kang Febi diguar dina salah sawios emailna, kuring satuju. Wassalam, -Yadi Supriadi Wendy-