[kisunda] Fiksimini - Jakat Bapa Ageung

2012-08-14 Terurut Topik Ki Hasan
Fikmin #Jakat Bapa Ageung#

Kung! Kuung! Kuuung! Bendé kabuyutan ngungkung ti paséban. Hééé, para
duafa, para pakir, para kaum miskin! léngsér muka biantara Geura karumpul
di Bumi Ageung! Bapa Ageung seja babagi jakat pakeun bekel lebaran! ki
léngsér mungkas cacarita. Bereyek nu ti kalérna. Burudul nu ti kidulna.
Ngeungkeuy nu ti kulon. Ngabandaleut nu ti wétan. Rekééé! Gerééét! panto
beusi bumi Bapa Ageung muka lalaunan. Lawang korina méléngé. Bereyek
pasesedek. Nu bedas sésélékét. Silihséréd. Nu tokroh-tokroh kaidek.
Kaleyek. Ngusek. Aduuuh! Ieueueung...! Si Nini ngocéak. Aduuuh! Niniii!
Si Nyai ngajerit. Patingkocéak. Patingjalerit. Hansip paciweuh. Patulayah
nu paringsan. Ambulan ngahéang. Rumah Sakit pinuh ku pasén Bapa Ageung.


Bls: [kisunda] Fiksimini - Jakat Bapa Ageung

2012-08-14 Terurut Topik Sp Saprudin
Eta panginten Kang sodakoh dibungkus riya, balukarna kitu geuning


Dari: Ki Hasan khs...@gmail.com
Kepada: Ki Sunda kisunda@yahoogroups.com 
Cc: Baraya Sunda baraya_su...@yahoogroups.com; Urang Sunda 
urangsu...@yahoogroups.com 
Dikirim: Rabu, 15 Agustus 2012 5:15
Judul: [kisunda] Fiksimini - Jakat Bapa Ageung


  
Fikmin #Jakat Bapa Ageung#

Kung! Kuung! Kuuung! Bendé kabuyutan ngungkung ti paséban. Hééé, para duafa, 
para pakir, para kaum miskin! léngsér muka biantara Geura karumpul di Bumi 
Ageung! Bapa Ageung seja babagi jakat pakeun bekel lebaran! ki léngsér mungkas 
cacarita. Bereyek nu ti kalérna. Burudul nu ti kidulna. Ngeungkeuy nu ti kulon. 
Ngabandaleut nu ti wétan. Rekééé! Gerééét! panto beusi bumi Bapa Ageung muka 
lalaunan. Lawang korina méléngé. Bereyek pasesedek. Nu bedas sésélékét. 
Silihséréd. Nu tokroh-tokroh kaidek. Kaleyek. Ngusek. Aduuuh! Ieueueung...! 
Si Nini ngocéak. Aduuuh! Niniii! Si Nyai ngajerit. Patingkocéak. 
Patingjalerit. Hansip paciweuh. Patulayah nu paringsan. Ambulan ngahéang. Rumah 
Sakit pinuh ku pasén Bapa Ageung.