Re: [Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-07 Terurut Topik eko107
Sim kuring satuju upami aya iklan mung kedah dibatasi postingan iklanna misal saptu-minggu wungkul sepertos anu ku kang dudi diusulkeun. Nu penting mah ulah unggal poe nya cukup saminggu sakali. Kanggo ngaiklankeun nana salian diposting ka milis kusnet tapi tetep ieu kudu diatur tata carana ulah

Re: [Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-06 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam w. w. Rampe! Ari pikeun kuring mah, pek bae rek unggal poe aya iklan ge, tapi daganganana (boh barang atawa jasa) kudu leres, sarta make cara2 anu sopan. Lian ti eta, nya wayahna, iklanna kudu make basa Sunda. Perkawis tag '[iklan]', satuju pisan. Mangga

Re: [Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-06 Terurut Topik Agus K \PAKUSARAKAN\
kumaha mun aya transaksi ku sabab iklan di kusnet.. tah.. zakattna ka kusnet we.. nya anu 2,5 % tina profit tea.. eta oge anu kena ku nilai zakat anu hanteu nya... kudu we inti na kudu aya keur kusnet na.. sakalian keur HBH pan aya acara bajar.. sok nu reak ngiring bajar daftar tiayeuna.. bisa di

Re: [Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-06 Terurut Topik nandar trinanda
komisi panginten nya kang sanes zakat? da zakat mah kan tos aya ketentuan mustahikna.. punten kumaha mun ditarip weh?sa huruf 500 perak..kan lumayan..heuheuheu intina mah sapuk sareng kang agus, ka kusnet kedah aya timbal balikna..sanes ngomersilkeun milis..tapi tina komisi eta kan lumayan kanggo

RE: [Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-06 Terurut Topik Heryadi, Eddy
Ke..ke... ari KUsnet kalebet 7 Asnaf panampi Zakat? ;D -eddy- -Original Message- From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of Agus K PAKUSARAKAN Sent: Wednesday, June 06, 2007 4:53 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Usul Iklan kumaha

Re: [Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-06 Terurut Topik kumincir
maksudna mah salaku amil meureun, atawa ukur nyalurkeun ka nu hak nampina (misalna dina bentuk beasiswa keur nu teu mampuh). Ari rek pasang tarip teh... lain nanaon... isin ku Cep Yudi... eh, ku Cep Yahoo. Heuheu... Sensi, lah masalah artos mah... Keun wae, nu bade dagang mah mangga bae.

Re: [Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
lamun kuring teu satuju lamun ieu kusnet meunang dipake pakalangan iklan. tapi meureun ari ngulahkeun kuring teu bisa... ukur bisa usul. lamun misalkeun iklan teuteup meunang, kuring satuju pisan jeung usul pangusul ieu 'program' iklan di kusnet, kang ikmals. iklan kudu loba aturanna. satuju

Re: [Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-06 Terurut Topik ndoell
Enya kitu... keun we anu rek arusaha mah, da lain milis komersil apanan. mun seug masang iklan dina majalah atawa koran tea pan aya ongkos produksina.. Jaba saha deuih rek ngitungan taripna. Ceuk uing mah, rek iklan mah mangga bae. Tapi nu penting mah nga-iklankeun usaha/dagangan sorangan.

[Urang Sunda] Usul Iklan

2007-06-05 Terurut Topik ikmals
Sapurasuuun. Assalamu'alaikum.. kahatur baraya sadaya oge ka ki kuncen, abdi aya usul kumaha aya waktos-waktos dina saminggu aya hiji dinten diijinan ka palawargi kanggo wawar iklan mangrupa jualan/ jasa atanapi naon bae kanggo kamajengan perekonomian urang sunda khususna, ngan