MJ, sabenerna mah lain kuhayang hayang teuing nerbitkeun majalah basa Sunda
anu rada beda jeung nu geus aya teh, kahiji mah nya ngabeungharan tea,
ngabeungharan media citak basa Sunda, kaduana (ceuk pangrasa mah ieu anu
pentingna mah) keur mere jalan ka sakabeh warga KUSNET dina ngamalirkeun
tulisan tulisanana anu bacacar dina ieu milis/ Kusnet, da kuring yakin anu
araya dina ieu milis teh lamun nyieun tulisan anu kaitung daria pasti bisa.
Basa mimiti ningali majalah On/Off asa kataji ku desain-na, kaitung
sederhana tapi ngondang panasaran dibandingkeun jeung nu sejen (misalna
jurnal Kalam)asa leuwih narik ieu, sok sanajan eusina mah jauh tangeh ka
Kalam mah.
Sanajan enya dina prakna sigana bakal meakeun tanaga jeung waragad bari
jeung can tangtu balik modal, geuning kungsi aya nu ngiberan Mangle we anu
geus kaitung jugala ku pangalaman dina hirupna siga anu lungse, dihenteu
henteu oge dina mangsa kiwari bacaan basa Sunda ngan ukur jadi bacan anu ka
sakitu keur Urang Sunda teh, beda deui jeung mangsa anu geus kaliwat
antara taun 70an, kapan basa Mangle ngamuat carita nyambung Mercedes 180 (?)
MH Rustandi K, kungsi jadi sabiwir hiji.
Duka teuing lamun nyieun siga Jurnal Dangiang anu ayeuna keur ngahiang,
eusina ngeunaan kasundaan tapi make basa Indonesia, lamun kitu mah atuh lain
ge ngahudangkeun basa Sunda, bisa bisa dianggap sabalikna.
Ieu kahayang teh kakara nepi kana kahayang, impian tea, kapan ngimpi mah
kaci teu kudu mayar, sual engke jadi kanyataan atawa henteu keun we ngimpi
deui we, tapi sahenteuna boga impian geus lumayan tibatan teu ngimpi ngimpi
acan.
Wadah atawa organisasi, ari wadah gedena mah geus aya nyaeta YP tea, ngan
meureun organisasi keur ngurus sapopoe anu can aya teh, copelna kudu aya nu
nampa telepon mah.
MJ...insya alloh engke minggu rek ningali MJ manggung dina acara bedah buku
Rakka, can kabaca buku Rakka teh kakara saeutik, kitu ge bari diselang ku
ngaheureuyan budak,tapi nu pasti mah budak dibejaan Mang Jamal ngarang
buku terus kuring mapanas inyana supaya ngamimitian tulas tulis ambih siga
Mang Jamal jadi novelis.
MSasmita
-Original Message-
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, July 20, 2004 4:07 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] diajar jadi wartawan
jang rubrik URANG SUNDA dina majalah Cupumanik bulan Juli kamari, aya kang
Mike Ontohod. jang bulan Agustus, tadina rek nayangkeun kang Yaya Seoul.
tapi anjeuna teu tiasa masihan bahan alatan aya mamala, sim kuring
ngahaturkeun Innalillahi wainna ilaihi roji'un. mugia tuang raka ditampi
iman islamna, oge nu dikantunkeun dipasihan kakiatan.
bieu muru dead line, kamari keimpleng, ah, rek nayangkeun rektor uing we
heula. nembe tos dikirim via e-mail ka Cupumanik, bari hardfilena ke sore
atawa isuk dianteurkeun ka Karawitan 46.
Ua Sas, urang teh tiasa ngadamel majalah. kantun gaduh organisasina, oge
ton he love buntutna, distributorna, tiasa eta oge nebeng ka kiblat buku
utama asana mah.
Yahoo! Groups Sponsor ~--
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
~-
Komunitas UrangSunda -- http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
* To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
* To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
* Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/