Teh Ani oge baraya sadaya ....
Perkawis nilai menilai anu teu aya standarna sanes hiji hal anu matak jadi bingung ...
Tina perkawis buku wae panginten terang, anu di kota mah langkung euyeub benten sareng anu di lembur .. dina pamendak sim kuring, peunteun 5 teh (dina conto teh Ani) margi tina sumber bacaan sareng ajaranna oge minim, panginten eta budak teh kalebet pinter oge ... komo upami didukung ku fasilitas anu cekap mah ... nilaina oge Insya Allah langkung ti 8 ... he .. he ...
Dina perkawis soal oge, matematika teh kacida legana, aya aljabar, kalkulus, geometri sareng sajabina ... di dieu oge aya hukum relativitas .. unggal sakola tangtos teu sami, aya nu cenderung pinter ka aljabar oge nu sanesna ..
sim kuring kantos ngalaman anu sakola di lembur mah sok rada kasisihkeun, rumaos SD teh di Cigugur, kacamatan pangtebihna ka kota kabupaten teh. Ti payunmah upami aya perlombaan, sanaos kenging di tingkat kawadanaan (Cigugur kalebet kawadanaan Cijulang, duka ayeuna aya keneh atanapi heunteu), anu dikintun ka kabupaten teh anu gampil dina akomodasi saurna ... urang lembur mah cekap terang dugi ka kawadanaan wae ... he .. he ... 
Hal ini ngalantarankeun kunaon margina anu ti lembur dugi ka ngumbara ka kota, sanes kunanaon margi tingkat perhatosan pamarentah oge beda-beda ...
Sakitu manawi .... bilih teu nyambung .. he .. he ..
 
\budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, May 12, 2004 10:52 AM
Subject: RE: [UrangSunda] UAN...-->Teh Tien

Wilujeng enjing teh Tien oge baraya saalam dunya.....
Hapunten seja tumaros perkawis standarisasi sistem panilean di dunya pendidikan urang, contona di Jawa Barat we nya, misalkeun aya budak SMP kelas dua nyaeta : ani sakola di Subang nilei matematika abdi 7, teras teh Nia sakola di Bandung matematikana 7, samentawis si C anu sakolana mencil pisan ti dayeuh oge kenging 7.  hiji mangsa eta tilu budak teh ngayakeun ujian matematika di Bandung sareng jeung barudak sajawabarat. Hasilna :
ani nilaina 6
nia nilaina 8
C nilaina 5
Nuju ani sakola kapungkur kajantenan sapertos kieu teh sering pisan, hartosna nuju aya perlombaan antar sakola unggal sakola pasti ngintun jagoan na dinu widang anu di konteskeun, mung anehna standar nilai anu sok diterapkeun antar sakola teh bet benten, janten saur standar sakola A kanggo si A teh sae, teu acan tangtos kanggo si A upami sakola di B. Tong boro unggal daerah malihan sadaerah oge bentena teh nataku pisan. Kinten-kinten aya teu nya standarisasi penilaian dina widang pangajaran upami si A nilaina 8 tangtos dimana wae si A sakola/ diujikeun di Jawa barat angka 8-na moal robih ?
 
Nuhun, hapunten ilustrasina rada pabaliut, sapabaliutna abdi hihihihi....
Salieur-lieurna maung lieur keneh indung maung...
 
neng an....


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke