Wilujeng enjing teh Tien oge baraya saalam
dunya.....
Hapunten seja tumaros perkawis standarisasi sistem
panilean di dunya pendidikan urang, contona di Jawa Barat we nya,
misalkeun aya budak SMP kelas dua nyaeta : ani sakola di Subang nilei
matematika abdi 7, teras teh Nia sakola di Bandung matematikana 7,
samentawis si C anu sakolana mencil pisan ti dayeuh oge kenging 7. hiji
mangsa eta tilu budak teh ngayakeun ujian matematika di Bandung sareng jeung
barudak sajawabarat. Hasilna :
ani
nilaina 6
nia
nilaina 8
C
nilaina 5
Nuju
ani sakola kapungkur kajantenan sapertos kieu teh sering pisan, hartosna nuju
aya perlombaan antar sakola unggal sakola pasti ngintun jagoan na dinu widang
anu di konteskeun, mung anehna standar nilai anu sok diterapkeun antar sakola
teh bet benten, janten saur standar sakola A kanggo si A teh sae, teu acan
tangtos kanggo si A upami sakola di B. Tong boro unggal daerah malihan sadaerah
oge bentena teh nataku pisan. Kinten-kinten aya teu nya standarisasi penilaian
dina widang pangajaran upami si A nilaina 8 tangtos dimana wae si A sakola/
diujikeun di Jawa barat angka 8-na moal robih ?
Nuhun, hapunten ilustrasina rada pabaliut, sapabaliutna
abdi hihihihi....
Salieur-lieurna maung lieur keneh indung
maung...
neng
an....
-----Original Message-----
From: teh tien [mailto:[EMAIL PROTECTED]
From: teh tien [mailto:[EMAIL PROTECTED]
MUhun ningal peunteun teh, sok araneh ....ulangan sadidinten mung kenging
2, 3, dugi ka opat tina nilai IPA, matematik, kimia, fisika, tapi upami kanaekan
di sulap janten 6....tah ieu anu nyababkeun keterpurukan dunia pendidikan di
urang .Peunteun goreng bakal naek , ujian akhkir bakal lulus teu kudu
diajar, nilai hiji ge pasti bakal naek jeung lulus eta kajadian dua taun anu
katukang.Sugan ayeuna mimitina ngaronjatkeun kualitas
Baktos
Teh Tien
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

