Lembur kameumeut
 
Tuh diditu ....
sabudeureun garis chatulistiwa
diantara runggunukna pulo-pulo
tah didinya,
ayana............
tanah endah Parahyangan
disawang titebeh kaler
di impleng ku lamunan
dipentang kugondewa cipta
atra kumalangkang
dina layar katresna....
dangongna gunung Pangrango
janggelekna gunung Gede
runggunukna gunung Guntur
karasa dina ciptaan...
hiliwirna angin peuting
karungu ku jantung kalbu..
jentrengna sora kacapi...
jeritna sora suling
ditema ku.......
galindengna hariring peuting
hate sumoreang
mun ras kaanjeun...
sumeredet jeroning hate
sumelesep katulang sumsum
leuleus .....
taya tangan pangawasa
 
 
Tungtung wetan daratan Asia
 
SSW
 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke