Ayeuna kantun tilasna
pating runggunuk otet (outlet)
"panonpoe" (matahari) dimana mana.
dipasir, dilembur pinuh ku tangtung
bayeungyang, hese cai.
kahujanan banjir, halodo tigerat
anu parangsiun tiluar ngareureuhkeun cape didieu.
arembung baralik deui.
sakola sakola ngajamur, pang lobana di sanusantara.
sakola teu baroga lahan parkir.
jalan, parkir, trotoar, kaki lima jadi medley.
tukang baso, panjaga toko,supir angkot
teu kirang anu teu tiasa basa sunda.
duh, parahiyangan dimana kageulisan anjeun ?
Kuring ningali raray anu lusuh, cape, camerok.
  
----- Original Message -----
Sent: Thursday, May 13, 2004 3:10 PM
Subject: [UrangSunda] Lembur Kameumeut

Lembur kameumeut
 
Tuh diditu ....
sabudeureun garis chatulistiwa
diantara runggunukna pulo-pulo
tah didinya,
ayana............
tanah endah Parahyangan
disawang titebeh kaler
di impleng ku lamunan
dipentang kugondewa cipta
atra kumalangkang
dina layar katresna....
dangongna gunung Pangrango
janggelekna gunung Gede
runggunukna gunung Guntur
karasa dina ciptaan...
hiliwirna angin peuting
karungu ku jantung kalbu..
jentrengna sora kacapi...
jeritna sora suling
ditema ku.......
galindengna hariring peuting
hate sumoreang
mun ras kaanjeun...
sumeredet jeroning hate
sumelesep katulang sumsum
leuleus .....
taya tangan pangawasa
 
 
Tungtung wetan daratan Asia
 
SSW
 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke