Haturan Kang Kinkin sareng wargi sadaya Mugia daramang Medar perkawis UAN, muhun rada rame sakumaha kauninga ku sadaya dina media masa. Nu rada aneh keur sim kuring mah kunaon nya pami aya ide pikeun ngamajukeun bangsa ( ke bangsa mah bilih ageung teuing), sumber daya manusa atuh, eeeehhh ageung keneh bae, ngamajukeun siswa atuh nya supados lingkupna langsung spesifik, bet ...... disikapi ku SIEUN bisi kitu .... bisi kieu. Naha kasieun ieu teh beralasan atanapi alim maju? Atanapi budaya negatif di sebagian praktisi pendidikan nu sok "mark-up" angka ujian sacara ilegal SIEUN boleker ???
Saha pihak nu protes? Saha pihak nu tenang-tenang bae? Ari lucuna teh cenah Anggota DPR komisi VI waktos dialog sareng pihak Diknas, teu panuju UAN karena menurut UU No.20 evaluasi itu dilakukan oleh pendidik. Kumaha nya pemahaman anggora DPR ngeunaan evaluasi, ngeunaan pendidikan geuningan ...... Kapan TIDAK ADA PENDIDIKAN TANPA EVALUASI. Naha ari Diknas dianggap naon tah numutkeun DPR teh? teu ngarti kuring mah. Saupami anggota DPR leres nerjemahkeun tur ngahartoskeun "pendidik", pami oge teu satuju UAN alesanana moal kitu. Aya oge guyon duka kumaha yeuh kajantenan di sakola. Cenah kieu, kumargi nu di-UAN-keun teh mung tilu mata pelajaran, tos we persiapan sakola + guru + murid oge mung kanggo tilu mata pelajaran eta, pelajaran sanesna .... duka. Janten di masyarakat aya keneh (seueur boa) budaya, soson-soson diajar mung kanggo pelajaran nu bade diujikeun. Padahal upami ngahartoskeun ujian pikeun ningkatkeun tur ngamajengkeun sumber daya manusa mah, evaluasi teh sanes mung kanggo acara taunan, semesteran, catur wulanan wungkul, tapi UNGGAL WAKTOS. Kukituna sakola-sakola nu tos tiasa tur biasa evaluasina leres mah, geuning teu kakuping protes, malih atoh pami standar kelulusan UAN ditaekkeun, pikeun ngamajukeun pendidikan urang sadayana. Khusus di Jawa Barat, Pak Gubernur parantos nembongkeun sikap nu positif sangkan UAN dijantenkeun cambuk kanggo ngamajukeun kualitas pendidikan. Boleh juga nih Pak Gubernur. Mudah-mudahan barudak urang sukses mayunan UAN sareng UAS. Sakitu heula ti sim kuring. Wasalam, Ely ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

