|
Pami diskusi perkawis UAN janten emut
waktos kapungkur ...
Panginten kalebet kana siswa SD masa
percobaan, harita teh waktos kelas 6 SD perkawis NEM ngawitan bade dianggo
standar kanggo milih lebet ka SMP ... Asana mah kantos rame oge, mung teu sarame
ayeuna, aya nu pro aya ku kontra ...
Waktos harita Depdiknas jalan terus ...
geunig teu sakara-kara sadaya oge langsung soson-soson kanggo kenging NEM anu
sae ngarah katampi di SMP anu dipikahoyong ..
Panginten ieu mah tos tradisi di urang,
kumeok memeh macok (punten pami lepat), sanes kumaha carana sangkan siswa
langkung sumanget diajar supados memenuhi syarat minimal tea, malah hoyong nolak
ngarah UAN teh ditunda ...
\budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Monday, May 10, 2004 12:36
PM
Subject: [UrangSunda] DOR DAR
UAN
Haturan Kang Kinkin sareng wargi sadaya Mugia
daramang
Medar perkawis UAN, muhun rada rame sakumaha kauninga ku
sadaya dina media masa. Nu rada aneh keur sim kuring mah kunaon nya pami
aya ide pikeun ngamajukeun bangsa ( ke bangsa mah bilih ageung teuing),
sumber daya manusa atuh, eeeehhh ageung keneh bae, ngamajukeun siswa
atuh nya supados lingkupna langsung spesifik, bet ...... disikapi ku
SIEUN bisi kitu .... bisi kieu. Naha kasieun ieu teh beralasan atanapi
alim maju? Atanapi budaya negatif di sebagian praktisi pendidikan nu sok
"mark-up" angka ujian sacara ilegal SIEUN boleker ???
Saha pihak nu
protes? Saha pihak nu tenang-tenang bae? Ari lucuna teh cenah Anggota DPR
komisi VI waktos dialog sareng pihak Diknas, teu panuju UAN karena menurut
UU No.20 evaluasi itu dilakukan oleh pendidik. Kumaha nya pemahaman
anggora DPR ngeunaan evaluasi, ngeunaan pendidikan geuningan ...... Kapan
TIDAK ADA PENDIDIKAN TANPA EVALUASI. Naha ari Diknas dianggap naon tah
numutkeun DPR teh? teu ngarti kuring mah. Saupami anggota DPR leres
nerjemahkeun tur ngahartoskeun "pendidik", pami oge teu satuju UAN
alesanana moal kitu.
Aya oge guyon duka kumaha yeuh kajantenan di
sakola. Cenah kieu, kumargi nu di-UAN-keun teh mung tilu mata pelajaran,
tos we persiapan sakola + guru + murid oge mung kanggo tilu mata pelajaran
eta, pelajaran sanesna .... duka. Janten di masyarakat aya keneh (seueur
boa) budaya, soson-soson diajar mung kanggo pelajaran nu bade
diujikeun. Padahal upami ngahartoskeun ujian pikeun ningkatkeun tur
ngamajengkeun sumber daya manusa mah, evaluasi teh sanes mung kanggo
acara taunan, semesteran, catur wulanan wungkul, tapi UNGGAL WAKTOS.
Kukituna sakola-sakola nu tos tiasa tur biasa evaluasina leres mah,
geuning teu kakuping protes, malih atoh pami standar kelulusan UAN
ditaekkeun, pikeun ngamajukeun pendidikan urang sadayana.
Khusus di
Jawa Barat, Pak Gubernur parantos nembongkeun sikap nu positif sangkan UAN
dijantenkeun cambuk kanggo ngamajukeun kualitas pendidikan. Boleh juga nih
Pak Gubernur. Mudah-mudahan barudak urang sukses mayunan UAN sareng
UAS.
Sakitu heula ti sim
kuring. Wasalam, Ely
Komunitas UrangSunda -->
http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|