panginten upami hayang janten pamingpin mah kedah nekad Mang, contona weh saderek Gusdur (punten sanes ngomongkeun) ceuk ieu teu nedunan sarat, ceuk ieu kitu oge, eh tapi malah nekad geuning hayang maju teras.....duka pasipatan duka lemah caina tidituna meureun....kudu jadi pamimping....heueuh atuh da pamimngpin nagara mah da ngeunah....batan gering saemet lebet jadi bahan piomongeun...
tapi kumaha deui meureun urang sunda mah identik jeung Islam tea nya Mang, sering ngelehan panginten, sieun ku dosa tea, duka sieun dipenjara.... tos ah mudah-mudahan weh atuh kabinet engke kapayun mah seueur US teh....Amiiiin wassalam, Ayub On Mon, 10 May 2004, mj wrote: > > ti sabaraha taun katukang, urang keur rudet mikiran kapamingpinan nasional ti Urang > Sunda (US). hartina urang sadayana semu nu rindu ka pamingpin nasional ti Tatar > Sunda (TS). > > Jabatan atawa karir pangluhurna nu kungsi disakuan US, ngan nepi ka Wakil presiden > (Umar Wirahadikusumah, jenderal pangsiun). atuh baheula ngan nepi ka Perdana Menteri > (H. Djuanda, Insinyur). > > peuting kaimpleng, yen mun ditilik-tilik ku mata buncelik, beu, ieu nagreg teh > sasatna sagala rupana kajadian di Tatar Sunda. ibukota RIT Jakarta aya di Tatar > Sunda. di urang mah apan ibukota nagreg teh sagala-galana. geus heurin ku tangtung, > malah di akhir jaman HMS, cenah mah ibukota nagreg rek rada ngised saeutik ka > Jonggol. kaburu turun, jadi we batal. > > jadi nyakakak sorangan. mun tea mah US harudang kabeh, jaradi pajabat nagara jakarta > kabeh, seler sejen teh estuning ngan ukur jadi tamu bin semah. > > basa ulin ka cengkareng aya poster iklan/billboard soal pariwisata, make basa > linggis, unina, asana mah, Indonesia with Parahyangan background...! > > jaradi pajabat atawa pamingpin nasional atawa henteu, ieu nagreg teh ayana, > ngadegna, di Tatar Sunda, euy! > Mj > > http://geocities.com/mangjamal > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

