ti sabaraha taun katukang, urang keur rudet mikiran kapamingpinan nasional ti Urang Sunda (US). hartina urang sadayana semu nu rindu ka pamingpin nasional ti Tatar Sunda (TS).
Jabatan atawa karir pangluhurna nu kungsi disakuan US, ngan nepi ka Wakil presiden (Umar Wirahadikusumah, jenderal pangsiun). atuh baheula ngan nepi ka Perdana Menteri (H. Djuanda, Insinyur). peuting kaimpleng, yen mun ditilik-tilik ku mata buncelik, beu, ieu nagreg teh sasatna sagala rupana kajadian di Tatar Sunda. ibukota RIT Jakarta aya di Tatar Sunda. di urang mah apan ibukota nagreg teh sagala-galana. geus heurin ku tangtung, malah di akhir jaman HMS, cenah mah ibukota nagreg rek rada ngised saeutik ka Jonggol. kaburu turun, jadi we batal. jadi nyakakak sorangan. mun tea mah US harudang kabeh, jaradi pajabat nagara jakarta kabeh, seler sejen teh estuning ngan ukur jadi tamu bin semah. basa ulin ka cengkareng aya poster iklan/billboard soal pariwisata, make basa linggis, unina, asana mah, Indonesia with Parahyangan background...! jaradi pajabat atawa pamingpin nasional atawa henteu, ieu nagreg teh ayana, ngadegna, di Tatar Sunda, euy! Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

