Kang Arief soal primordialisme jeung tawar-tawaran (politik "dagang sapi")
saleresna mah teu aneh dilakukeun ku para politisi di urang. Tingali kumaha
Bu Mega nu narik Hasyim Muzadi nu ketua umum NU jadi cawapres, saatosna Bu
Mega satuju ka tawaran Pa Hasyim, supaya engke lamun meunang jadi
Presiden-Capres jatah menteri keur NU 7 menteri. Kitu deui pasangan Wiranto-
Solahudin Wachid (kungsi wawuh jeung Gus Solah teh, sacara pribadi kuring
manghanjalkeun anjeunna daek jadi wakilna Wiranto) aya "tawar-tawaran"
didinya. Atuh dipilihna Yusuf Kalla jadi Cawapres SBY oge teu leupas tina
isu "primodialisme", pan alesanana cenah narik pendukung ti Indonesia Timur.
Jadi saleresna mah politik aliran, etnik jeung agama di urang teh masih
"kuat" pisan!.

Nu kuring teu ngarti, ngan SBY nu boga cawapres nu lain etnis Jawa, nu
sejenna mah sadayana ge urang Jawa (Mega sacara biologis campuran, tapi
sacara budaya mah anjeunna teh urang Jawa). Urang sok "heurin ku letah" ari
nyebutkuen kieu teh, sok sieun disebut teu nasionalis, jeung boga faham
kasukuan. Tapi  ieu fakta/kanyataan yeng Capres-Cawapres nu engke bakal
dipilih ku urang teh ampir sadayana urang Jawa, ngan saurang nu sanes, Yusuf
Kalla!. Hal ieu tiasa wae ngadorong etnis sanes, sapertos DPD Jabar, anu
hoyong 7 menteri di Kabinet nu  kapayun urang Jawa Barat ( dina PR henteu
disebatkeun etnik Sunda, tapi berasal ti Jawa Barat).

Tah kitu Kang Arief, tenang we ........keun we lah supaya nu dilaluhur teh
sadar, yen Indonesia teh eusina lain urang Jawa wungkul!

-BahWilly-

----- Original Message -----
From: "Arief Anshory Y" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Saturday, May 08, 2004 10:56 AM
Subject: [kisunda] jatah menteri urang jabar?


> saumur nyunyuhun hulu can pernah simkuring ngarasa era jadi urang sunda,
> tapi pas maca koran poe ieu.. simkuring rek mikir duabelas kali lamun rek
> ngaku urang sunda.
>




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke