Ieu mah lain jurkam, tapi ngan ngajak. mun erek, pilih, mun moal mangga teh teuing. 
ngan ukur babagi pikiran...

cik urang milu ngabebenah nagreg, kucara milih Amien Rais + Siswono Yudo Husodo.  

si kuring mah mikir praktis bae, Amien Rais kaitung nu kadua nu wani ngeundeuk2 
Suharto. nu kahiji mah keukeuh Sri Bintang Pamungkas. cenah mah jujur jeung salaku 
urang jawa, teu make adat jawana nu kakoncara teu poksong. manehna mah poksong, ceplas 
ceplos bari merenah,  teu saparah gus dur.

gus dur keur kampanye soal nu tanpa daksa bisa jadi presiden. lah atuh gus, pangalaman 
ente kamari, jadi presiden, tukang piknik, bari jeung di negeri deungeun eta teh sok 
nyieun kaputusan2 politis urusan nagreg. teu hade euy! gayana teu cocog jang ieu 
nagreg. 

Siswono, sukses jadi pengusaha, ngagedekeun bangun cipta, jadi perusahaan kuat 
(meureun), hartina manehna bisa manajemen.jeung manehna terang2an, boga banda 330 
milyar-ladang usaha kontraktor bangun cipta, dana kampanye presidenna 38 milyar.

atuh dina segi politik, teu atah2 teuing, Siswono kungsi jadi wakil ketua BPS, barisan 
pembela sukarno, kungsi dipenjara, urang GMNI, teknik sipil itb, kungsi jadi menteri 
perumahan jeung menteri transmigrasi+perambah hutan jaman suharto 80-an.

naha ti sipil? sabab nu ti militer-asli reformis, geus teu aya dikieuna. gan Agus WK!

Mj

http://geocities.com/mangjamal



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke