Sim kuring panuju milih anjeunna diantawisna ku pertimbangan kieu: 1. Sapertos anu dibeberkeun ku MJ, aranjeunna teh kalebet jalmi bersih. 2. Masih kabayang dina emutan, Bp. Amin Rais di taun 1998 sateuacanna Pa Harto lengser, kungsi nyaram massa + mahasiswa anu bade demo, inggis bisi "mandi getih" lantaran bakal nyanghareuoan TNI & POLRI. Alhamdulillah diturutan ku sadayana, teu aya mandi getih. 3. Bp. Amin Rais, gaduh pangalaman mingpin Muhammadiyah kalayan hasilna teu nguciwakeun + cara berfikirna rasional.
Jaka --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ieu mah lain jurkam, tapi ngan ngajak. mun erek, > pilih, mun moal mangga teh teuing. ngan ukur babagi > pikiran... > > cik urang milu ngabebenah nagreg, kucara milih Amien > Rais + Siswono Yudo Husodo. > > si kuring mah mikir praktis bae, Amien Rais kaitung > nu kadua nu wani ngeundeuk2 Suharto. nu kahiji mah > keukeuh Sri Bintang Pamungkas. cenah mah jujur jeung > salaku urang jawa, teu make adat jawana nu kakoncara > teu poksong. manehna mah poksong, ceplas ceplos bari > merenah, teu saparah gus dur. > > gus dur keur kampanye soal nu tanpa daksa bisa jadi > presiden. lah atuh gus, pangalaman ente kamari, jadi > presiden, tukang piknik, bari jeung di negeri > deungeun eta teh sok nyieun kaputusan2 politis > urusan nagreg. teu hade euy! gayana teu cocog jang > ieu nagreg. > > Siswono, sukses jadi pengusaha, ngagedekeun bangun > cipta, jadi perusahaan kuat (meureun), hartina > manehna bisa manajemen.jeung manehna terang2an, boga > banda 330 milyar-ladang usaha kontraktor bangun > cipta, dana kampanye presidenna 38 milyar. > > atuh dina segi politik, teu atah2 teuing, Siswono > kungsi jadi wakil ketua BPS, barisan pembela > sukarno, kungsi dipenjara, urang GMNI, teknik sipil > itb, kungsi jadi menteri perumahan jeung menteri > transmigrasi+perambah hutan jaman suharto 80-an. > > naha ti sipil? sabab nu ti militer-asli reformis, > geus teu aya dikieuna. gan Agus WK! > > Mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > __________________________________ Do you Yahoo!? Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs http://hotjobs.sweepstakes.yahoo.com/careermakeover Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

