Sok mangga atuh !!!, nyanggakeun ka para ahli, pakar, sastrawan, budayawan, sejarawan sareng Wan-Wan anu sanesna, anu terang kana  elmuning hirup sareng kahirupan US di TS. Upami janten mah panginten aya wariskeuneun ka incu-buyut urang !!!
 
Ngiring ku pidu'a,
 
SSW 

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

KUSnet geus sukses nyieun 2 buku. Sajak banyol jeung sajabana, sura seuri siga sero. gaya, make ISBN sagala, bari duka aya gunana duka henteu. hehe

tadi peuting jorojoy aya kahayang. kumaha mun nyieun buku kasundaan nu rada seurieus. seurieus cara urang. mun bisa mah, A-Z soal Sunda, tapi teu kudu jadi ensiklopedia nu kandelna sagede bantal. saratus dua ratus kaca.

nya topik hidayat atawa jejerna mah, bisa make rumus kuntjaraningrat bae, tujuh ciri bangsa, nu ngawengku:
1. sistem kepercayaan/agama: agama sunda/asli jati sunda
2. sistem pamarentahan cara sunda, noong ti sajarah, trias politika sunda tea.
3. basa: basa sunda, sifatna, jeung sajabana.
4. kasenian
5. teknologi: cara tatanen, atawa pacabakan,nyabak naon oge kaci
6. poho deui
7. teuing

bisa oge meureun daftar eusina kieu:
1. harti sunda ceuk saha bae
2. sajarah singkat sunda
3. ciri urang sunda, adat, beungeut/deudeugan (antropologi/metri)
4. geografi tatar sunda. make peta
5. pandangan hidup,filsafat hirup urang sunda; nambut ti baduy, ti kampung naga, ti mana bae nu masih keneh nyunda
6. cara hirup, ngahuma teh kumaha, jeung sajabana
7. saham atawa tanaga US jang tanjeurna RIT
8.
9.
10

mun masing2 bab eta 10 kaca, jadi 100 kaca, mun 20, jadi 200 kaca....

kumaha tah...
Mj


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke