KUSnet geus sukses nyieun 2 buku. Sajak banyol jeung sajabana, sura seuri siga sero. 
gaya, make ISBN sagala, bari duka aya gunana duka henteu. hehe

tadi peuting jorojoy aya kahayang. kumaha mun nyieun buku kasundaan nu rada seurieus. 
seurieus cara urang. mun bisa mah, A-Z soal Sunda, tapi teu kudu jadi ensiklopedia nu 
kandelna sagede bantal. saratus dua ratus kaca.

nya topik hidayat atawa jejerna mah, bisa make rumus kuntjaraningrat bae, tujuh ciri 
bangsa, nu ngawengku:
1. sistem kepercayaan/agama: agama sunda/asli jati sunda
2. sistem pamarentahan cara sunda, noong ti sajarah, trias politika sunda tea.
3. basa: basa sunda, sifatna, jeung sajabana.
4. kasenian
5. teknologi: cara tatanen, atawa pacabakan,nyabak naon oge kaci
6. poho deui
7. teuing

bisa oge meureun daftar eusina kieu:
1. harti sunda ceuk saha bae
2. sajarah singkat sunda
3. ciri urang sunda, adat, beungeut/deudeugan (antropologi/metri)
4. geografi tatar sunda. make peta
5. pandangan hidup,filsafat hirup urang sunda; nambut ti baduy, ti kampung naga, ti 
mana bae nu masih keneh nyunda
6. cara hirup, ngahuma teh kumaha, jeung sajabana
7. saham atawa tanaga US jang tanjeurna RIT
8.
9.
10

mun masing2 bab eta 10 kaca, jadi 100 kaca, mun 20, jadi 200 kaca....

kumaha tah...
Mj

http://geocities.com/mangjamal



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke