Wilujeng tepang om teddy,sareng tante sakulawargi.......
baktos
nety
Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualiakum,Ka baraya nu ngiringan kongres kamari kuring jeung tanteuna seja menta dihampura. Kulantaran teu tiasa ngiringan rirungan.Khususna ka Mang Mamat.Mang aya titipan hapunten pisan kuring sareng tuang putra teu tiasa pendak. Komo deui nyimpang ka Margawangi. Margina telat ngomean alat wartel (titipan batur) sareng pilih-pilih mesin fax. Kaleresan rada tetelepek harga sugan jeung sugan aya harga nu cocog jang jualeun deui.Ku kitu oge ngahajakeun ka Rajamantri. Lumayan rada sonten oge, kinten-kinten tabuh satengah opatan. Tadina mah susuganan aya nu tinggaleun aya keneh di bumina MJ. Tapi geuningan alhamdulillah kabagean keneh silaturahmina jeung kakarenna mah. Kaleresan kaos oge nyandak jang si tanteu ti amrikna mah ambeh seragam lamun jalan-jalan teh.Geuningan ningali anggota lembur teh beuki nambahan. Ti Soul nambahan, malah aya nu ti lembur koboy, - Texas,. sagala...Kamari teh ngobrol sareng MJ saurna Pabukon Simpay Katresna bade muka cabang di Cianjur? Upami teu lepat mah di Mayak SMA-na Kang DEDI? Upami kitu mah pang ngalungkeun wae kaos jang si Akang. Da anjeunna mah mani hoyongeun pisan. Malah kantos masihan artosna heula. Upami aya mah sakantenan wae sareng stikerna.Sakitu heula kabar sim kuring,Wassalam,Om TEDDY & Tanteu LISNATungtung Kaler Tatar Sunda
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

