|
Assalamualiakum,
Ka baraya nu ngiringan kongres kamari kuring jeung tanteuna seja menta
dihampura. Kulantaran teu tiasa ngiringan rirungan.
Khususna ka Mang Mamat.
Mang aya titipan hapunten pisan kuring sareng tuang putra teu tiasa pendak.
Komo deui nyimpang ka Margawangi. Margina telat ngomean alat wartel (titipan
batur) sareng pilih-pilih mesin fax. Kaleresan rada tetelepek harga sugan
jeung sugan aya harga nu cocog jang jualeun deui.
Ku kitu oge ngahajakeun ka Rajamantri. Lumayan rada sonten oge,
kinten-kinten tabuh satengah opatan. Tadina mah susuganan aya nu tinggaleun aya
keneh di bumina MJ. Tapi geuningan alhamdulillah kabagean keneh silaturahmina
jeung kakarenna mah. Kaleresan kaos oge nyandak jang si tanteu ti amrikna mah
ambeh seragam lamun jalan-jalan teh.
Geuningan ningali anggota lembur teh beuki nambahan. Ti Soul nambahan,
malah aya nu ti lembur koboy, - Texas,. sagala...
Sabenerna mah kuring teh asa kaduhung teu tiasa ngahadiran. Da eta
geuningan aya calon DPD nu hadir. Duh asa hoyong ngadangu pangalamanna. Tapi
kedah kumaha, atuh??
Kamari teh ngobrol sareng MJ saurna Pabukon Simpay Katresna bade muka
cabang di Cianjur? Upami teu lepat mah di Mayak SMA-na Kang DEDI? Upami kitu mah
pang ngalungkeun wae kaos jang si Akang. Da anjeunna mah mani hoyongeun pisan.
Malah kantos masihan artosna heula. Upami aya mah sakantenan wae sareng
stikerna.
Sakitu heula kabar sim kuring,
Wassalam,
Om TEDDY & Tanteu LISNA
Tungtung Kaler Tatar Sunda
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [UrangSunda] Hapunten... hapunten... Om TEDDY
- Re: [UrangSunda] Hapunten... hapunten.../wilujeng tepang Nety Martin
- [UrangSunda] Hapunten... hapunten... Om TEDDY
- [UrangSunda] Hapunten... hapunten... Om TEDDY

