waktu kongres saptu kamari.. keur anteng anteng ngupingkeun pangalamanana pak caleg DPD (rada poho deui jenenganana mah, pa Rosjidin kitu ??) ti mimiti daftar ka kpu terus ngumpulkeun minimal 2000 tanda tangan pendukung.. nya anjeuna mah tiasa ngempelkeun 20 rewu pendukung saurna teh.. tapi nyakitu tea anu kapilih janten Caleg DPD ti tatar sunda teh anu anu gede mayarna.. cenah aya istilah "membela yang mayar" lain "membela yang benar...".. keur ngaguar pangalaman  pa dpd.. ti sisi panto mang J.. kiclik ..kiclik.. aya jajaka gandang di iringkeun ku wanoja geulis... panyana kuring teh eta jajaka teh geus siap dirapalan.. da geus make baju resmi (geus make batik anu pang alusna sa garut .. meureun..) boro ngaharewos ka kang Boim.. eta jajaka gandang teh urang sakalian we dirapalan.. da jang saksi mah loba...... tapi harewos bojong ka kang boim teh teu tulus da eta jajaka gandang jeung nyi mojang teh ngan ukur ngirimkeun hui cilembu... da saurna anjeuna mah engke wae sonten bade ngiringan kongresna ,...ayeuna mah bade ka jalan aceh...
nuhun ka jajaka gandang jeung nyi mojang kana kintunan hui cilembuna.. gara gara hui cilembu kuring bisa hitut deui... he..he..he..


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke