|
Halow
Kang Panzi miwah baraya sadaya,
Puguh
cararangkeul keneh ba'da kongres teh. Rek ngadongeng tapi teu puguh kudu ti mana
heula. Ieu mah versi uing we atuh nya, nu seurieusna mah ke ku Mang J atanapi Ua
Sas :
Indit
ti cikarang teh niatna mah rek nyubuh da sok biasa ari pere panjang sok ngantay
di jalan jiga nu keur kompanyeu. Jam genep kurang Neng Ani geus nyampeur. Uing
mah disasarung anduk keneh da sare rada peuting teuing, budak rada rewel,
indungna oge. Jam setengah tujuh budak nyaring, terus dimandian. Antukna
mah berangkat teh keukeuh jam tujuh.
Perjalanan cikarang - Sadang lancar. Palebah
kaluar tol sadang ngarandeg rada lila sabab ngantri lampu hejo koneng beureum di
parapatan. Naha atuh bet teu hejo we kabeh nya, meureun lancar sarerea. Lumayan
aya opat puluh menit di dinya. Liwat ti lampu, wahon ngageuleuyeung nepika kota
purwakarta, laun tapi lancar. Reg deui dilebah pengkolan ka jatiluhur.
Kakarayapan mani seuseut. Geus liwat kota mah lumayan rada ngabiur. Kajongjonan
nincak gas jadi poho ngerem, antukna di palebah tanjakan samemeh pabrik enteh
panglejar, wahon teh rada noel bujur treuk. Duka pedah treuk na mani demplon
jigana. Alhamdulillah masih ditangtayungan, ukur lecet bemper dua eutik.
Kacaritakeun sanggeus rada nyasab opat kedapan, jog
anjog ka rajamantri bumina Pa Deden tea (MJ mah teu daekeun diakukeun bumi
anjeuna teh, he..he..). Harita tos nyampak Abah Willy sareng Ua Sas. Ari pribumi
mah ceunah geus ti baheula keneh aya di dinya. Sakedapan ngawadul nyacapkeun
kasono, jol aya bapa-bapa rada sepuh uluk salam. Ua Sas ngareret ka MJ, "saha ?"
ceunah. Ari nu ngajawab sikuring da apal eta teh dosen kuring baheula keur jaman
sakola. Wastana teh Pa Rasjidi. Anjeuna teh diulem ka kongres pikeun dipulungan
pangalaman tarung di DPD tea.
Jul
jol nu dongkap saparantosna. Kang Tatan nu ninggalkeun selip gajih di kantor
bakat ku sono ka kongres, Kang Boim, Aki Aang nu pas dinten eta ngawitan MPP
(masa persiapan pernikahan jilid 2 ?), Kang Asep Salmon nu nembe damang
saparantos keuna serangan jantung (mugia sing saterasna sehat). Teh Yetty ?
baladna Mama Manar (lah uing poho, punten nya teh, namina bilih lepat), Mama
Manar, Ua Jawa (Jaja Wahja ?). Rada elat jol Kang Kandar sareng bebene-na,
oge Neng Pupi sareng bebene-na deuih.
Gempungan teh lumayan rada daria, bari sakali
dua kabengbat ku si nail (incu mitoha sikuring) nu gegerewekan ngungudag
ucing. Keukeuh heureuy mah teu kalangkung. Diselang ku Sholat Lohor. Ba'da
lohor dipapagkeun ku tumpeng nu ni'mat kacida (duh inget tumpeng mani
ngaguruwuk pejit yeuh..). Mani mindo da rumasa keur raa RW06 tur tibaheula taya
kaera. Rada hanjakal na teh semur jengkol ti pabrikan margawangi rada suwung,
ceunah mah nuju setop line teu aya bahan baku.
Tos
heula ah, Biantara na mah keun jatah sohibul bet.
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- RE: [UrangSunda] Simpe euy....kongress Hendri Mulyana
- RE: [UrangSunda] Simpe euy....kongress Endang Tatan
- RE: [UrangSunda] Simpe euy....kongress Hendri Mulyana

