Assalaamualikum baraya,
kumaha wartosna? daramang?
Sim kuring mah nuju pakepuk ieu teh, sababaraha minggon kapayun bade ujian, tulis sareng lisan..teu acan deuih bahan ujian nu sakitu seueurna...apalkeuneun wungkul ,nya kedah ti ayeuna soson2 ..
nu matak siga budak pingit ayeuna mah..uih ti kampus upami teu ka perpus nya teras uih wae..
tapi da ari teu noongan lembur teh panasaran deuih...bilih tinggaleun beja.
 
Bade ngadongeng ieumah sanes ngabahas...mugia katampi
 
Can beres dokter2 jeung ahli hukum di Eropa ngabahas ngeunaan Eutanasia(panginten parantos uninga nu ieu ah)
ayeuna datang deui masalah ngeunaan Tran-Seksual(perubahan perilaku/jenis kelamin manusia).
Boh ti awewe nu jadi lalaki atawa sabalikna.
 
Hal ieu tos rada lami dibahas di Eropa.
Ari nu jadi lantaran nyaeta kumaha status eta budak engkena
jeung kumaha reaksi ti kolot2na
tina hijikasus, sebut wae kulawarga M�ller di Jerman
manehna boga hiji budak awewe nu ngarana Chaterine(Ketrin)
eta budak awewe hiji2na kacida dipusti2, keur mah hiji2na ditambah deuih meunang hayang ti tadina
tapi duka kumaha awalna mimiti umur 10 tahun eta budak te daek gaul sakumaha ilaharna budak awewe sejenna, embung kana boneka
ulinna ngahiji jeung budak lalaki.
Pas umur 14 tahun, manehna(Ketrin) motong rambut panjangna jadi cepak jeung nelah maneh Dido
indungbapanan teu bisa majar kumaha
tina status nu robah ngondang masalah deui contona status hukumna
 dina ijasah pendidikan.
Piraku di ijasah ditulis lalaki ari aktelahir jeung jirim aselina awewe..!!
Masalah ieu nepi ka dibawa ka pengadilan tapi si Ketrin keukeuh yakin yen manehna teh lalaki!
sanajan enya 'barangna' mah awewe jeung manehna oge kena ku menstruasi.
Dokter2 eropa mimiti mere perhatian khusus jeung penelitian intensif ngeunaan hal ieu.
Naha eta teh disababkeun ku lingkungan atawa memang aya Mutagen
urang antosan wae hasilna.
anu jelas di tiap2 jelema(boh lalaki atwa awee)boga dua unsur jantan(testosteron)jeung betina(progesteron).Nu jadi masalah,mana nu dominan, lalaki normal tinangtu testosteron anu dominan jeung kitu  deuih sabalikna.
 
Sim kuring teu patos apal di Indonesia kumaha kaayaannana,
mung ieu mah pesen kabaraya nu ngagaduhan putera dina yuswa nuju meujeuhna(masa2 pertumbuhan).Urang kedah langkung nitenan deui,
bisi anak urang nu lalaki leuwih resep ulin jeung boneka, atawa budak awewe nu leuwih resep ngagabung jeung lalaki.
Ulah hilap yen lingkungan teh ageung pisan pangaruhna kanggoperkembangan sareng sifat2 budak, salian ti Gen.
 
muhun ieu mung saukur dongeng
upami aya kecap2 anu lepat sim kuring neda hapunten sareng pamugi jembar manah tiasa ngalereskeun
 
hatur nuhun
hormat abdi,
Irfan
 
 

Mit sch�nen Gr��en von Yahoo! Mail.
Mit dem Yahoo! Messenger k�nnen Sie Freunde noch schneller erreichen!

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke