Wilujeng Siang Kang Irfan, Neng Pupy sareng sadyana.
 
Hatur nuhun artikel na sarae pisan, badi hilap maos di majalah Swara Cantika aya oge nu pernah jadi waria ( lalaki-awewe-lalaki deui ).
Tapi anjuena ayeuna mah tos Insyaf, malah tos naek haji.
Cenah mah eta teh ka pangaruh ti lingkungan.
Leres lingkungan teh seueur pisan pangaruhna, upami maos atanapi ngadangu ti para ahli masalah balita, teu nanaon sakali2 mah lalaki maen boneka, nu awewe maen bal.
tapi urang salaku kolot kedah merhatikeun eta perilaku anak teh, nu lalaki tong sering teuing siga awewe teuing, maen boneka na unggal oe, teu seneng main mobil2-an, tembak2-an. kitu oge sebalikna.
urang nu kedah ngalihkeun perhatian anak kedah ulin teh sesuai gender masing2.
Teu hilap oge, salaku kolot, upami anak na lalaki ,  bapa na kedah di ajarkeun kumaha salayakna jadi lalaki, nu anak na awewe, si Ibu na kedah masihan contoh dina kalembutan na .
 
Salaku kolot nu tos gaduh anak nu tos sapasang, abdi oge sering sok rada hawatos, kumahaaaa iyeu pun anak nu lalaki cengeng pisan, teu siga adi na nu awewe.. tapi upami ditingali ti kaulinan sareng bengal na.. jero hate teh sok ngagumbarikeun hate " ah anak aing lalaki bener iyeu mah"
Tong hilap oge ngadoa ka Gusti Alloh, jauh keun anak2 urang ti kayaan nu kitu, homo atau lesbong, Insya Allah upami pasangan suami - istri kaduh kahirupan nu harmonis, fungsi sareng tugas jadi kolot dijalankeun nu leres, teu hilap ibadah na... mere contoh nu sae ka anak na ( tong leboy waeee hehe..)
anak oge Insya Allah moal aya di jalan nu teu hade.
 
Ah Kang Irfa, Neng Pupy.. panjang teuing teteh ngomong na...
da iyeu oge masih di ajar jadi kolot nu bener...
teteh oge masih ngarasa sok isin ka anak upami teu di haja masih sok ngabohong ka anak.
masih sok teu nepati janji ka anak...
masih can jadi Full Time Mother... ( nyuhun keun pidua na ka sadaya.. )
 
 
Wassalam
Icho
 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke