Eta gagasan teh asa kantos
nguping/ngadangu/ngarungu/ngadenge (panglereskeun Abah
Abas nya, mana nu leres) kapungkur. Asana Ridwan Saidi
(upami teu lepat mah, pang ngoreksikeun bilih lepat),
kantos ngamasalahkeun pelajaran Basa Sunda di sakola
dasar sareng sakola menengah kanggo kawasan Botabek.
Sabab saurna, nisbah penduduk di eta daerah teh,
langkung seueur pendatang dibandingkeun sareng urang
sundana. Kulantaran kitu, cenah Basa Sunda teh kirang
diperyogikeun. 

Sim kuring bade tumaros ka para wargi kusnet, naha eta
pelajaran Basa Sunda teh, ayeuna masih keneh wujud
kitu. Maklum pribados tes rada pareumeun obor, da
puguh tos lami ingkah ti lembur.

Eta nu diluhur teh, pangemut sim kuring, ngan salah
sahiji parameter bae. Leres heunteuna Wallahualam.

Atanapi gagasan eta memang nuju trend di sarakan
urang, hayang baralik deui ka jaman kapungkur. Contona
panginten sapertos Makasar sareng Papua. Aya
rerencangan kuring urang Makasar, kantos ngajelaskeun
, cenah ngaran Makasar langkung gaduh ajen sajarah
dibandingkeun Ujung Pandang. Panginten urang Papua oge
kitu nya. 

Upami kitu mah nya atuh geuning urang teh masih keneh
sapertos miliaran kapribadian anu ilang. Sabada nepi
kahiji titik, kokorelengan teu bisa ngalengkah deui.
Nya kapaksa balik deui katukang, noongan raratan
sajarah, nyawang kajayaan kapungkur, sugan jeung sugan
tiasa deui janten juragan. 

Kulantaran sim kuring rada lieur ngabandungan kaayaan
lemah cai, sim kuring gaduh usul. Kumaha upami sarakan
urang teh atuh urang franchise-keun we nya. Sugan aya
ISO-XXX anu tiasa dianggo ngurus ieu sarakan.

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ihhh abid !!, ulah kitu kang Tatan, eta mah pan hiji
> taktik ti non US kanggo mecah belah US, masih
> saprovinsi oge pan sakitu US teh taya walakayana
> komo deui upami tos dijejewet, janten
> provinsi-provinsi sagede-gede RT, pisakumahaeun
> teuing nasib US.
> 
> Nu mikadeudeuh
> TS.
> 
> cofindo.co.id> wrote:
> sae lah sunda teh janten seueur propinsina.. engke
> mah sigana aya propinsi priangan, propinsi
> cirebon,propinsi banten, propinsi bogor, propinsi
> bandung..tah.. meureun mere kasempetan jang urang
> sunda jaradi 6 gupernur...
>  
> Beuki heureut we Pasundan teh nya ? Meureun Engke
> mah Propisnsi Urang Sunda
> teh ngan saPriangan Prianganana waeee . Nu sanesna
> janten Nagri BEBAS !
> Meureun Sunda teh bakal diBetawikeun nya ! Untung
> jadi Ngnternasional Jabar
> teh euy ! Jadi Jabar = Pasundan !!!!! atawa JABAR =
> Priangan SAJA ! Da
> Cirebon mah geus teu kudu di Propinsikeun deui eta
> mah geus ampir 70%
> Mataramna oge pan .
> AAA
> ----- Original Message -----
> 
> 
> Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com 



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs  
http://hotjobs.sweepstakes.yahoo.com/careermakeover 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark
Printer at MyInks.com.  Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada.
http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511
http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke