Isyue rek ngadegna provinsi Bogor sayaktosna mah tos lami ti saprakna aya
reformasi tea, nu janten alesanana mah duka teuing, daerah nu rek ngagabung
nyaeta Bogor, Tangerang, Bekasi, Depok, Cianjur (?), Sukabumi(?). Memang
daerah ieu mangrupikeun nu paling potensial di wilayah jabar, sok wae tingal
industri sagalarupi nyampak, sareng deui janten penyangga ibukota. Ceuk abdi
mah hal ieu kedah diemutan ku pejabat Pemprov jabar, sareng umumna warga
tatar sunda, naon nu ngajantenkeun hal ieu ?, naha teu puas sareng
pangwangunan nu dipingpin ku Pemprov ?, naha memang aya pihak-pihak nu rek
ngala kauntungan dina ngadegna provinsi anyar (siga Banten, pan gupenurna
urang jawa) ?. Bogor kungsi jadi ibukotana urang sunda, nanging mun ditingal
masyarakatna (khusus na nu di kota), rasa kasundaanna kirang kentel, contona
barudak ngorana tos seueur nu teu tiasa nyarios sunda (padahal mah urang
sunda) benten sareng Pandeglang sanajan benten provinsi (Banten), kabiasaan
nyarios sunda masih kiat, kasus rancamaya pelakuna seueur ti seler sunda
(bogor) pituin, batutulis nu kungsi rame ku Said Agil tea asa tebih
dipulasara, malihan langkung caket kana kesan "kumuh", benten sareng
titingal nu aya di Jateng-Jatim-Jogya contona Borobudur. Kiwari Bogor rea
pisan ku pendatang ti seler sanes, kuring asa hariwang budaya sunda tiasa
kadesek ku pendatang, naha kedah diadegkeun UU nu ngabatesan hak kaum
pendatang ?. Bekasi, Depok mah tos ulah ditaros deui, malihan aya
usulan sangkan pelajaran basa sunda rek diicalkeun, naha geus teu cocog deui
kitu ?

urang bogor asli
----- Original Message -----
From: "Rukayadi Yaya" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, April 28, 2004 1:32 PM
Subject: [UrangSunda] Re: Ceuk Abah Surya.......Tatar Sunda di acak-acak


> Kungsi ngobrol jeung Bapa Hidayat Suryalaga anu
> katelah abah Surya tea, nu sok nga-Agan-keun ka itu ka
> ieu teh.
>
> Cenah tanah Pasundan teh baheulamah apanan nepikeun ka
> puseur dayeuh Mataram (Jawa Timur), terus ngaheuretan
> nepi ka deukueteun Yogyakarta ayeuna, terus
> ngaheureutan deui nepi ka Citanduy. Citanduy kungsi
> ribut rek di sodet, mun jadi wilayah Pasundan bakal
> ngaheureutan deui, geus puguh beulah kulon mah
> ngebutnage Banten. Atuh kitu deui Cirebon bet hayang
> leupas. Ngadenge deui ayeuna ek aya provinsi anyar.
>
> Saur Abah Surya nu nyutat tina hadist jeung Qur'an,
> cenah salah sahiji totonden, yen hiji kaum keur
> dibendon ku Allah atawa keur meunang laknat, nyaeta
> wilayahna bakal ngaheureutan. Audzubillah himindalik,
> mun enya teh meureun urang Pasundan teh keur di
> laknat. Kunaon sababna? Boa-boa urang geus jaradi
> jelema anu marunapik....Duh Allah Taala hapunten abdi
> sadayana.
>
> Cag
> Tungtung Seoul
>
> --- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ihhh abid !!, ulah kitu kang Tatan, eta mah pan hiji
> > taktik ti non US kanggo mecah belah US, masih
> > saprovinsi oge pan sakitu US teh taya walakayana
> > komo deui upami tos dijejewet, janten
> > provinsi-provinsi sagede-gede RT, pisakumahaeun
> > teuing nasib US.
> >
> > Nu mikadeudeuh
> > TS.
> >
> > cofindo.co.id> wrote:
> > sae lah sunda teh janten seueur propinsina.. engke
> > mah sigana aya propinsi priangan, propinsi
> > cirebon,propinsi banten, propinsi bogor, propinsi
> > bandung..tah.. meureun mere kasempetan jang urang
> > sunda jaradi 6 gupernur...
> >
> > Beuki heureut we Pasundan teh nya ? Meureun Engke
> > mah Propisnsi Urang Sunda
> > teh ngan saPriangan Prianganana waeee . Nu sanesna
> > janten Nagri BEBAS !
> > Meureun Sunda teh bakal diBetawikeun nya ! Untung
> > jadi Ngnternasional Jabar
> > teh euy ! Jadi Jabar = Pasundan !!!!! atawa JABAR =
> > Priangan SAJA ! Da
> > Cirebon mah geus teu kudu di Propinsikeun deui eta
> > mah geus ampir 70%
> > Mataramna oge pan .
> > AAA
> > ----- Original Message -----
> >
> >
> > Send instant messages to your online friends
> > http://uk.messenger.yahoo.com
>
>
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
> http://hotjobs.sweepstakes.yahoo.com/careermakeover
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke