|
Omat PSK didieu mah hartina Pabukon Simpay
Katresna, lain PSK nu sejen.
PSK teh salah sahiji tina program YP, tujuanana mah
sasieureun sabeunyeureun ngilu ngahudangkeun "minat baca" barudak di
padesaan.
Basa guntreng jeung MJ, di Cianjur teh can aya
PSK, nya nyobaan kontak ka Mayak (arah jalan ka Cibeber), sanggup henteuna lamun
di Mayak di adegkeun PSK, jawaban ti Mayak teh giak pisan, kabeneran anu dituju
sabenerna mah masih dulur keneh pisan, pernah alo ka inyana, jeung inyana teh
guru di SMU Negri Cibeber ngajar basa Inggris, atuh ka bumina kuring ge sering,
enya merenah lamun didinya diadegkeun PSK, da di bumina teh aya rohangan nu kira
kira merenah dipake nyimpen buku buku pabukon.
Bieu isuk isuk kuring kontak per telepon, Ki Alo
teh geuning geus ngobrol jeung RW/RT didinya panarimaanana kacida hageutna jeung
kacida ngarojongna, malah cenah mah mun aya majalah Mangle keun bae anu
urut ge alusna mah dikirim ka Mayak, sabab loba kolot boh bapa bapa boh ibu ibu,
komo barudak mah anu "haus" ku bacaan basa Sunda.
Mentana buku buku teh campur bae antara nu basa
Indonesia jeung nu basa Sunda, antara bacaeun barudak jeung bacaeun
kolot.
Kuring teh nyanggupan, Insya Alloh
kalaksanakeun.
Kukituna ka baraya sadayana anu gaduh buku dibumi,
tapi tos tara diaos, tibatan mubadir gular goler teu puguh, langkung sae
kintunkeun bae ka sim kuirng atanapi ka MJ, kanggo dimangpaatkeun kintunkeuneun
ka PSK.
MSasmita
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [UrangSunda] PSK di Mayak MSasmita
- Re: [UrangSunda] PSK di Mayak kemurer
- RE: [UrangSunda] PSK di Mayak Endang Tatan
- Re: [UrangSunda] PSK di Mayak MSasmita
- RE: [UrangSunda] PSK di Mayak Endang Tatan

