MSasmita wrote:
  Omat PSK didieu mah hartina Pabukon Simpay Katresna, lain PSK nu sejen.PSK teh salah sahiji tina program YP, tujuanana mah sasieureun sabeunyeureun ngilu ngahudangkeun "minat baca" barudak di padesaan.Basa guntreng jeung MJ, di Cianjur teh can aya PSK, nya nyobaan kontak ka Mayak (arah jalan ka Cibeber), sanggup henteuna lamun di Mayak di adegkeun PSK, jawaban ti Mayak teh giak pisan, kabeneran anu dituju sabenerna mah masih dulur keneh pisan, pernah alo ka inyana, jeung inyana teh guru di SMU Negri Cibeber ngajar basa Inggris, atuh ka bumina kuring ge sering, enya merenah lamun didinya diadegkeun PSK, da di bumina teh aya rohangan nu kira kira merenah dipake nyimpen buku buku pabukon.Bieu isuk isuk kuring kontak per telepon, Ki Alo teh geuning geus ngobrol jeung RW/RT didinya panarimaanana kacida hageutna jeung kacida ngarojongna,  malah cenah mah mun aya majalah Mangle keun bae anu urut ge alusna mah dikirim ka Mayak, sabab loba kolot boh bapa bapa boh ibu ibu, komo barudak mah anu "haus" ku bacaan basa Sunda.Mentana buku buku teh campur bae antara nu basa Indonesia jeung nu basa Sunda, antara bacaeun barudak jeung bacaeun kolot.Kuring teh nyanggupan, Insya Alloh kalaksanakeun.Kukituna ka baraya sadayana anu gaduh buku dibumi, tapi tos tara diaos, tibatan mubadir gular goler teu puguh, langkung sae kintunkeun bae ka sim kuirng atanapi ka MJ, kanggo dimangpaatkeun kintunkeuneun ka PSK. MSasmita
Assalamualaikum,

Daramang Wargi Salembur ?

Aduh Uwa Sas bade muka PSK di Mayak sae Pisan Uwa, tapi hanjakal kuring jauh, mun deuketmah aya buku-buku SD, atawa buku bacaan sejena....

Kamari oge sikuring waktu mulang ka lembur, aya ngobrol-jeung adi anu karek cageur geuring, kabeneran manehna ngajar di semea jeung di Alhanif cibeber, kuring nawaran kumaha lamun di lembur aya dijeun Parpustakaan... lamun daek ceuk kuringteh uang damel proposal ngajukeun ka kusnet nyien PSK di lembur...., Tapi alhamdulillah Ari tos rencana muka di Mayakmah... da teu pati jauh tilembur Kuring... Kuringmah di Cisalak Girang Uwa...., Lamun baaheulamah masih sadesa, malah baheulamah SD dilembur oge ngarana SD Mayak 1 & 2, tapi ayeunamah tos dipisah Desana.

Hatur nuhun Uwa tos Muka PSK di Lembur.

salam
Hendra.................Pasir Luhur

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke