Widura enggal nyuhunkeun kasempetan nu kadua ; saparantos diidinan lajeng anjeunna biantara , kalem we teu emosi teu naon ; da memang kitu panganggona .
 
"Sang Raja Drestarastra panutan samudaya Ra'yat Astina , Resi Bhisma nu dipisepuh ku sadaya , miwah para gegeden sadaya ; tos kadangu ku sadaya serat ti Pandawa , sareng biantarana Sang Prabu Anom Duryodhana ; ku margi sakitu kuring ayeuna di dieu bakal milu komentar ka na eta dua sumber ."
Reg heula Widura liren , nyariosna , saparantos langkung tenang enggalna neraskeun deui biantarana :" Naon margina Pandawa teu sowan ka Astina ? Lantaran Pandawa kacida ngahormatna ka Raja Drestarastra . Naon alesanana ?"
"Nya eta kapan Yudhistira teh Raja Gung Binatara , nu tos ngayakeun pesta Rajasuya , tegesna Raja ti sagala Raja . Tapi lamun ayeuna sowan ka Astina , meureunan harkatna turun , lantaran teu aya Nagarana ? kapan teu acan kacepeng . Tah lamun Yudhistira tos nyepeng Indraprasta , kakara eta saharkat sadarajat ; tah didinya , lamun Yudhistira teu sowan , kudu disalahkeun !"
"Tapi ari ayeuna mah , kapan Yudhistira teh di Upawilya , sasat Nagara Deungeun , nya atuh lamun sowan ka Astina teh meureun hartina ngawakilan Matswapati ."
 
"Ayeuna soal waktu , kapan sadayana Brahmana tos nyakseni , yen Pandawa teh tos jangkep 13 taun hukumanan waktu Pandawa katohyan teh , malahan leuwih saeutik ti na katangtuan . Tah ku sabab eta memang wajar lamun Pandhawa leupas ti na hukumanan ."
 
"Soal menta Nagara Indraprasta , beunang hese cape maranehanan , eta oge pantes ; lantaran kapan leupasna Indraprsta teh lain ku sabab goreng ngurus Nagara , atawa eleh di na peperangan , tapi eleh di na MEJA DADU !"
 
"Tah atuh kuduna mah lamun urang rek nanjeurkeun kaadilan , jeung bebeneran , pantes pisan mun eta Indraprasta atawa Astina beulah kidul diserenkeun deui ka Pandawa , sakitu omongan Kaula ."
 
Atuh ger wae anu satuju ka na biantara Widura susurakan ; tapi kaciri ngan saeutik , da lolobana mah kapan nu ngarojong ka Kurawa ."
 
Saparantosna Widura lajeng Sakuni majeng ka payun , ari di pengker mah para Kurawa teh , rada saheng sabab kukulutus ka Widura , lantaran make ngabela Pandawa .
 
"Hahahahaha , aya ku kataji ku Arya Widura . Heueuh alus tah pamadegan kitu teh . Tapi naha Widura ngarti henteu ka na masalah Elmu "nisbi" ; waktu atawa kajadian teh ; hese nangtukeun kapastianana ; ku lantaran kitu pantes Prabu Anom Duryodhana ngedalkeun unek unek yen Pandawa teu boga budi jeung kaera !"
 
"Hese saenyana mah nangtukeun Waktu nu pasti teh ; naha bener 13 taun , atawa 13 taun kurang satengah poe saparapat poe misalna . Kapan kabehanan oge teu pasti . Komo ayeuna geus kaliwat sababaraha bulan , kapan ? Tah ku sabab kitu , keun we soal Hukuman mah , Kuring satuju , yen Pandawa teu kudu dihukum deui ; da teu pasti tea ; sakabehna bisa wae nyebutkeun geus tuntas atawa can tuntas ; duanana bisa dibenerkeun . Cenah nu nyebutkeunana Para Brahmana nu bisa dipercaya ! Hehehe , kuring oge atuh bisa nenangan Brahmana nu bisa dipercaya ku kuring , nu bakal nyebutkeun yen Pandawa teh geus katohyan saencan waktuna ."
 
"Tah nu matak , keun we soal hukuman mah , ngan soal Nagara Indraprasta , tangtu ieu mah hese pisan nimbangna ; eta Nagara teh kapan hese beleke oge dipajukeun ku Astina ( Kurawa ) ; salila 13 taun Pandawa teu tanggung Jawab ? Naon wae alesanana , pokona Pandawa geus teu ngurus Ra'yatna !" 
"Tah kapan Raja naon ngaranna mun kitu ? Jadi Kaula mah satuju pisan ka na Pandangan Prabu Anom Duryodhana teh ."
 
Gek wae akuni diuk deui na korsina , eta nu surak di pasamoan mani ambal ambalan ku satuju jeung kataji , ka na alesan nu dikahareupkeun ku Sakuni .
 
Hanca  


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke