Ayeuna nu majeng ka payun teh nya eta Raja Awangga Karna , anjeunna majeng bai imut , teu aya semu semu nu ringrang , anjeunna nyarios tatag pisan :"Raja Gung Drestarastra sinareng para pangagung sadayana , Kaula Raja Angga Karna nganuhunkeun ka sadayana wirehna parantos masihan waktos kanggo Kaula di ieu gempungan agung . Ceuk pamikir Kaula , anu saadil adilna , Kaula geus ngitung , didieu urang kudu nganuhunkeun kana Kawasana Hyang Widi ku ngayakeun bedana Peuting jeung beurang ; nepi keun ka urang sarerea bisa ngitung sabaraha lilana hiji hal ."
"Bener ceuk Sakuni , urang teh nyanghareupan hiji hal anu "nisbi" ; tapi ku sabab aya peuting jeung beurang tea , urang bisa ngitung geus sabaraha ratus peuting atawa beurang , eta Pandawa dihukumna . Ku itungan Kaula , nyata yen memang Pandawa teh waktu kaciri aya di Matswapati , eta teh persis 13 taun onjoy kira kira satengah poe . Tah ku sabab eta , Kaula satuju mun nyebutkeun yen Pandawa memang euweuh deui kawajiban pikeun dihukum sakali deui ." 
 
"Tapi di na masalah Indraprasta , nua ayeuna jadi Astina sagemblengna , ceuk pamikir Kaula mah euweuh hak Pandawa pikeun menta eta Nagara ; kapan baheula geus dileupaskeun ku maranehanana , anu hartina geus teu boga tanggung jawab deui ka rahayatna . Da mun Kaula mah harita , Pandawa teh kuduna kajeun paeh tutumpuran ti batan mikeun agara ; komo bari elehna teh ngan ukur maen dadu !"
 
"Tah didieu Kaula nempo , yen Pandawa teh kawas hayam lisung , kumeok memeh dipacok ! Sieun ngayakeun peperangan . Tah ku sabab kitu asa teu pantes , eta Nagara sakitu gedena dibikeun ka Pandawa nu kurang kawani kitu ."
"Jeungna deui , ku sadaya kauninga , kapan nu ngamajukeun eta Indraprasta teh nya Prabu Anom Duryodhana , nepi ka subur ma'mur , gemah ripah loh jinawi , sepi paling towong rampog . Patani bungah ati , padagang sarenang . Cek paribasa emas digelar oge di jalan moal leungit , ku kerta kertana eta Nagara ."
 
"Ku sabab kitu , Kaula sanget nya teu satuju , lamun eta Nagara sabeulah kidul Astina dibikeun deui ka Pandawa . Atuh cenah maksa , hahahahaha , Kaula Karna nu bakal nyanghareupanana . Sok saha Arjuna ? Bhima ? Nu rek murugul ? Isuk sore oge moal teu dilayanan ku Kaula . Sok ari enya mah Pandawa teh Satriya , Kaula miharep pisan , yen Pandawa maksa mementa ieu Nagara , Kaula kacida bungahna , jeung geus siap rek merangan eta Para Pandawa , sakitu nu kapihatur !"
 
Ger atuh mani surak ambal ambalan , ku panujuna ka na biantarana Raja Angga nu sakitu leber ku wawanenna . 
 
Sateuacanna nu sanesna nyuhunkeun tempo deui , Prabu Drestarastra ngangkat pananganana teras ngasawuh :"Tah geuning geus loba nu ngajukeun pandangan jeung pamadeganana ; tah ayeuna Kaula sabage Raja , geus ngarasa cukup ku katerangan nu Kaula hayang nyaho . Ayeuna Kaula menta ka pinisepuh urang sarerea , nya eta Resi Bhisma nu wijaksana , tah kumaha pamadegan sampeyan di na hal ieu ?"
 
Ku margi ieu mah parentah ti Raja , enggalna bae Bhisma majeng kapayun , najan tos sepuh oge , eta Satriya Resi teh , masih katingal gagah , salira jangkung ageung sembada ngandung komara , perbawana estu matak ajrih sadayana para Pangagung Astina , lantaran memang Bhisma mah asli tetesan andanawarih , terahing Ratu rembesing Kusumah .
 
Enggalna Bhisma mihatur , soantenna someh marahmay , tapi pinuh ku perbawa , agem geueuman , sareng naon wae kecap kahartos ku sadayana :
"Raja Drestarastra sembahan urang sadaya , para Pangagung sareng Satriya Astina . Kaula Bhisma Dewabrata geus ngadangu sadaya biantara sareng pamadegan para Pangagung di ieu Nagara . Kaula aya satuju , aya henteu ka na sagala nu dikedalkeun ku sadaya ."
"Ayeuna urang kabeh geus mupakat yen Pandawa geus teu wajib dihukum deui , lantaran waktuna geus sampurna dilaksankeun ku Pandawa . Ieu penting pisan , lantaran didieu nangukeun naha Pandawa masih keneh harkatna ABID atawa Satriya . Tah ku sabab kitu , ayeuna Kaula meunang cecekelan , yen Pandawa harkatna geus sajajar deui jeung Satriya saHindustan , teu bisa dipadu renyomkeun deui ."
"Ku sabab eta , Kaula ngarti naon sababna Pangna Pandawa ngirim utusan ka Astina ? Eta lantaran kahiji Pandawa kawajibanana geus tuntas , kadua pantes mun sagala hakna dibalikkeun deui ka Pandawa , di na hal ieu Pandawa geus siap ; boh urang hayang katengtreman , atawa perang . Lantaran nu ngarojong Pandawa oge kapan sakitu gegekna . Katilu kapan Pandawa teh cohagna mah Raja di Raja ; atuh tangtu meureun Raja Raja nu ngadukung Pandawa teu satuju lamun Yudhistira kudu daratang sorangan ka Astina , masing enya didieu loba sepuh sepuh Pandawa . Lantaran didieu lain soal kakaluwargaan deui ; tapi soal cecekelan jeung kahormatan sabage Satriya ."
 
"hehehehehe , Kaula kataji ku ketakna Karna , nu memang wani jeung teu aya kagimir . Tapi naha teu ngingetkeun sampeyan he Karna , Raja Angga ? naha sampeyan geus poho waktu diringkus ku Arjuna waktu sampeyan dibantu ku Duryodhana jeung Dursasana ngepung Arjuna di Matswapati ? Malah kapan Aswatama oge ngiring ngaraponan eta Arjuna ? Kumaha hasilna ? Kapan Sampeyan Karna , gondewana parotong , terus awak taratu , nepi ka mundur ti palagan !"
 
"Kapan harita Arjuna soroh amuk , nepi keun Kaula , Resi Krepa , kitu deui Resi Drona mundur ti palagan ! Lantaran kateter jurit ku Arjuna nu harita ngamuk , lir ketakna saratus Dewa ti Kahyangan ."
 
"Ku sabab eta , keur katengtreman Nagara Astina , Kaula mah satuju mun Indraprasta nu memang baheula hakna Pandawa , dibalikkeun ka maranehanan . Astina moal rugi ; da memang kapan eta mah asalna oge leuweung ganggong sima gonggong . Jadina asri kawas ayeuna teh , kapan jasana Pandawa ."
 
"Sakitu wae nu kapihatur ."
 
Jep wae sajongjonan mah jarempling , teu aya nu wani ngaharewos ngaharewos acan . Katingal Karna rarayna reup geuneuk , ray pias , ku wirangna diwewelwh ku Bhisma di na ieu gempungan . Duryodhana ngan ukur bisa kekerot ; Drestarastra mung ukur melengek teu nyaur naon naon .
 
Saparantos sabara lamina hening , enggal wae Sang Drestarastra emut ka na Purwadaksina , enggal anjeunna ngabubarkeun eta pasamoan , kalawan implik implik yen isukan surat walonan ka Pandawa bakal dibawa ku para Utusan .
 
Hanca ,
Abbas Amien


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke