Wa'alaikum sallam wr.wb,

Mangga kalebet yi Adi, dianggo wae lancingan mah...eh..sendalna maksad
teh...
wilujeng patepang sareng sim kuring ari wasta mah Taryat, kawit ti Sumedang
alias kota tahu tea baladna Mang Osam nu di Tumbilaloka sareng Kang Boim nu
di kota kembang.
Mani ngabarabay kitu eta seratan yi Adi...
Reueus nya urang tiasa riung mungpulung bongkok ngaronyok di ieu lembur nu
katelah lembur Babakan Kusnet.

Mangga yi Adi dilajengkeun deui, bilih bade nyarioskeun paangalaman di Abu
Dhabi, mangga diantos...

wasalam
Taryat
----- Forwarded by TARYAT/DNIA on 05/17/2004 07:09 AM -----
                                                                                       
                                  
                      Rudy Setiawan                                                    
                                  
                      <[EMAIL PROTECTED]         To:      [EMAIL PROTECTED], [EMAIL 
PROTECTED]              
                      >                        cc:                                     
                                  
                                               Subject: [UrangSunda] Sampurasun!!!     
                                  
                      05/15/2004 09:32                                                 
                                  
                      PM                                                               
                                  
                                                                                       
                                  
                                                                                       
                                  




Bismillah!

Assalamu'alaikum wr. wb.

Mugi parawargi US & kisunda aya dina panangtayungan allah nu maha
welasasih!

Sateuacanna sim kuring nyuhungkeun dihapunten manawi bilih cologog
kumawantun lebet dina milis ieu.

Aduh..!!!. bapak-bapak anu nuju dararepa, ibu-ibu anu ngajuru (nyempod
maksadnateh, punten lepat, warah kuring!)... meuni reueus kuring mah,
ningal aya milis US nu teu tanggung2 sa dunya (enya kitu?),
alhamdulillah! mugi aya na milis ieu teh tiasa nambihan cahaya "kasundaan"
kuring
nu ampir-ampiran "pareumeun obor".

(Edas.... eta geura.. punten ah....naha blus blos wae ieu teh.) Nepang
keun, sun.. kuring, ti abu dhabi (pangapingan Kang lalan). Gaduh nami
teh Rudy tapi raos na mah di sebat Adi, kuring mah di lemah cai na teh
di..... Bogor tiasa, di Bandung oge moal ngahilapkeun. Damel teh
alhamdullilah di KBRI (ngabela nagara ceunah na mah ????). Bilih aya
diantawis
parawargi US & Kisunda nu kaleresan ka "emirates" mangga atuh diantos
dirorompok, cikopi-cikopi mah insyaalloh di sayagi keun, kapan urang teh
dulur sakasur...eeehhh... dulur salembur lin?

Mangga atuh parawargi, nya ti sim kuring mah di ceukap keun heula dugi
kadieu insyaalloh tiasa ngiringan mairan dina waktos kapayunna.

Sakali deui hapunten! dupi aya nu kirang meureunah dina ieu cariosan
teh, carek, warah jeung pangapingkeun kuring. Da kuring mah hayang jadi
US nu merenah, geunah tur tumaninah (naha kadieu lumpatna??...eeh..
silaing mah!!).

Pribados Permios Amigos Gojojosssssssssss!!


Wassalam,

-Pun adi-



NB (sanes Note Bene tapi Nam Bihan ahhh) :
- Hapunten kuring mah anom keneh langkung sae di saur ayi bae batan
akang (sok isin kuring mah di akang akang teh sieun jadi DeLu alias si
Gede Hulu alias buta...hejo...hiiiiiii sieun pan???, hihihihihihi... heup
ah balem!).



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke