----- Original Message -----
Sent: Saturday, May 15, 2004 8:30
AM
Subject: [UrangSunda] KANG AGUM GUMELAR
DEUI.....!
Ieu mah leupas tina kamampuan atanapi sejarah
kinerja nu tos dilampah (goreng atanapi alus) ku Kang Agum Gumelar, upami
anjeuna kenging suara seueur di Tatar Sunda tangtuna bakal ngabuka panon
politikus nu mana ayeuna rahayat tatar sunda dianggap teu aya sihungan.
Mangga tingali ayeuna politikus keur rame-ramena parebut capres+cawapres ti
golongan NU, Hasyim Muzadi, Solahudin, Gus Dur, padahal rahayat tatar sunda
teu bisa dianggap saeutik keur calon pamilih, oge saleresna seueur rahayat
tatar sunda nu potensial ngan can katingali, bubuhan urang mah nyekel elmu
pare tea, seueur rahayat sunda nu potensial teh "nyumput buni di nu
caang".
Tah Kang pamilihan Agum Gumelar teh hiji
momentum penting nu tos lami dongkapna sareng dina kapayun mah can puguh aya
deui kasempetan siga kieu keur "ngahudangkeun urang sunda" jeung
"nangtungkeun urang sunda". Sacara itungan kasar mah pasangan Agum+Hamzah
teu asup kana pilihan paporit rahayat Indonesia, rupina moal meunangkeun
pamilihan presiden, kumargi Agum kirang populer dibanding capres+cawapres nu
sanes, kitu deui Hamzah Haz komo ditambihan ku istri anjeuna nu seueur.
Nanging keur rahayat tatar sunda mah gueeeede pisaaan pangaruhna, sanaos
anjeuna teu kapilih janten wapres nanging upami di wilayah pemilihan tatar
sunda kenging suara ageung, tangtuna para politikus bakalan mikir yen tatar
sunda teh boga kakuatan nu luar biasa gueeeedeena, sajaba ti NU politikus
oge narik Sultan HB, Yusuf Kalla jeung urang makassarna, rahayat tatar sunda
mah dianggap enteng. Sareng deui momentum ieu oge keur ngahudangkeun urang
sunda nu gaduh potensial supados teu kadeseh ku ku seler sanes.
Nanging sadayana oge gumantung Kang Agum
dina cara pendekatan sareng rahayat tatar sunda, mun seug anjeuna meunang
simpati ti rahayat tatar sunda pastina bakalan meunang suara ageung sanajan
teu kapilih wapres.
Diantos ka tanggapanna.........
HIDUP AGUM
HUDANG EUY URANG SUNDA
CAG GEURA NANGTUNG
LAJENG MAKALANGAN
SARTA TONG HILAP KA LEMAH CAI
HIDUP
SUNDA........
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id