----- Original Message -----
Sent: Saturday, May 15, 2004 8:30
AM
Subject: [UrangSunda] KANG AGUM GUMELAR
DEUI.....!
Ieu mah leupas tina kamampuan atanapi sejarah
kinerja nu tos dilampah (goreng atanapi alus) ku Kang Agum Gumelar, upami
anjeuna kenging suara seueur di Tatar Sunda tangtuna bakal ngabuka panon
politikus nu mana ayeuna rahayat tatar sunda dianggap teu aya sihungan. Mangga
tingali ayeuna politikus keur rame-ramena parebut capres+cawapres ti golongan
NU, Hasyim Muzadi, Solahudin, Gus Dur, padahal rahayat tatar sunda teu bisa
dianggap saeutik keur calon pamilih, oge saleresna seueur rahayat tatar sunda
nu potensial ngan can katingali, bubuhan urang mah nyekel elmu pare tea,
seueur rahayat sunda nu potensial teh "nyumput buni di nu caang".
Tah Kang pamilihan Agum Gumelar teh hiji momentum
penting nu tos lami dongkapna sareng dina kapayun mah can puguh aya deui
kasempetan siga kieu keur "ngahudangkeun urang sunda" jeung "nangtungkeun
urang sunda". Sacara itungan kasar mah pasangan Agum+Hamzah teu asup kana
pilihan paporit rahayat Indonesia, rupina moal meunangkeun pamilihan presiden,
kumargi Agum kirang populer dibanding capres+cawapres nu sanes, kitu deui
Hamzah Haz komo ditambihan ku istri anjeuna nu seueur. Nanging keur rahayat
tatar sunda mah gueeeede pisaaan pangaruhna, sanaos anjeuna teu kapilih janten
wapres nanging upami di wilayah pemilihan tatar sunda kenging suara ageung,
tangtuna para politikus bakalan mikir yen tatar sunda teh boga kakuatan nu
luar biasa gueeeedeena, sajaba ti NU politikus oge narik Sultan HB, Yusuf
Kalla jeung urang makassarna, rahayat tatar sunda mah dianggap enteng. Sareng
deui momentum ieu oge keur ngahudangkeun urang sunda nu gaduh potensial
supados teu kadeseh ku ku seler sanes.
Nanging sadayana oge gumantung Kang Agum
dina cara pendekatan sareng rahayat tatar sunda, mun seug anjeuna meunang
simpati ti rahayat tatar sunda pastina bakalan meunang suara ageung sanajan
teu kapilih wapres.
Diantos ka tanggapanna.........
HIDUP AGUM
HUDANG EUY URANG SUNDA
CAG GEURA NANGTUNG
LAJENG MAKALANGAN
SARTA TONG HILAP KA LEMAH CAI
HIDUP
SUNDA........
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links