Kamari
(tgl 17 Mei 2004) teh antara tabuh 9an isuk isuk Kang Maman Gantra (MGT),
nelepon, ngajak ngobrol di Kang Oman AR, atuh sakalian we ngajak MJ, jangjianana
mah tabuh sawelasan, ngan kulantaran Kang Oman AR, aya kaperyogian heula, nya
Kang MGT kurunyung ka kantor kuring tabuh sapuluhan, atuh MJ ge ngurunyung da
keur teu ngajar, sakalian we kuring ngajak Kang Yus Rusmana jeung Kang Maman
Rusli milisi Kusnet keneh kang Jajakapakan weh teu poho diajak
ngobrol.
Bari
ngan saukur di suguhan cai enteh jeung cikopi, da ari lalawuh mah rada hese
malum dipagawean, nya terus guntreng ngawangkong. Bada lohor jol Kang Oman AR,
jadi ngawangkong teh aya tujuhan.
MJ
jeung Kang MGT ngawangkongkeun hasil pasamoan jeung Kang Ajip Rosidi
(AR)
Enya
abong kena wartawan Kang MGT ngawangkongna teh euyeub ku beja beja, boh beja
keur tatar Sunda boh keur nasional.
Nu
rada daria ngawangkongkeun kumaha carana sangkan Yayasan Perceka (YP) beuki
menyat, beuki kaambeuan ku balarea.
Sabab
dihenteu henteu ge Perceka teh geus boga tatapakan gawe nu kacida strategisna,
dibanding jeung nu sejen nu kakara dina tataran wacana, hal ieu teh katohyan
waktu MJ jeung Kang MGT masamoan jeung Kang AR di kantorna Kang HW Setiawan di
Kiblat Buku Utama di Jl Karawitan 46, sabab salian ti Perceka, nu hadir aya deui
nu sejen.
Hanjakal kuring teu ngiluan hadir ka Karawitan
teh, pedah eta geus boga jangji jeung batur nu rek mawa buku kuno ka imah,
brehna mah nu mawa buku teh teu embol embol.
Ngawangkong teh rada lila da nepi ka liwat asar, nu
rada museur nya sual YP, kahiji pangurus YP kudu dieuyeuban diantarana kudu
aya nu ngurus bab Pabukon, bab Bea Siswa jeung nu husus ngolah bab PR (public
relation) jeung "brand image".
kaduana Perceka kudu boga badan usaha nu mandiri
pilihanana nya ngadegkeun koperasi atawa sakalian we ngadegkeun PT (Perseroan
Terbatas) supaya YP teh teu ngan sakadar tumamprak ngadagoan "pamere" ti
anu haat.
Ceuk
itungan kuring mah ngobrolkeun YP teh kacida sah pisan lantaran geus
dihadiran ku Kang MGT sabage Ketua Dewan Pengawas, atuh kuring sabage Ketua
Pembina, sedengkeun MJ kapan Ketua Umum jeung nu sejenna sabage anggota Kusnet,
keur ngangkat pangurus nu sejena nya MJ sabage Ketua, dibere wewenang sabage
Formatur keur nunjuk saha sahana, nya tangtu ti Kusnet
keneh.
Keur
ngudag supaya YP beuki katangen ku balarea, nya sual Pabukon kudu leuwih daria
deui, diantarana nu geus dibuka teh kudu diroris, kudu terus dibina sangkan
beuki ngagedean, malah Kang Oman AR mere asupan anu kacida alusna nyaeta kudu
nyieun indikator nu dikaitkeun jeung IPM (Indeks Pembangunan Manusia), hal ieu
rek diasongkeun ka Bappeda Jabar.
Keur
nu munggaran rek dicoba di Pabukon anu rek dibuka di Mayak Cibeber Cianjur
tea.
Contona indikator didieu teh kieu upamana samemeh aya
pabukon kumaha minat baca di wewengkon eta siga kumaha, tah dina waktu
sababaraha bulan terus diukur deui kumaha hasilna naha aya ningkatna atawa
tetep.
Disagigireun eta aya deui sangkan anggota Kusnet teh
dijieun petana (kar) utamana mah kasang tukang kahlianana, hal ieu teh kacida
perluna pikeun nganyahokeun boh bilih hiji waktu aya kaperluanana jeung bisa
dianggap ieu teh kabeungharan Kusnet, atawa kabeungharan Urang Sunda, nu salila
ieu teu pati dipikawanoh, hal ieu ge ceuk MJ mah dipenta ku Kang AR, sigana aya
perluna boa boa keur ngelegaan eusi buku Apa Siapa Orang
Sunda.
Sakitu
we heula beja ngawangkong kamari teh.
Warta
sejena direncanakeun Pabukon di Mayak rek dibuka Poe Kemis tanggal 20 Mei 2004,
mun teu aya halangan mah kuring, MJ jeung Kang MGT rek ka ditu, rek nungkulan,
atuh baraya nu aya di Cianjur bilih bade ameng ka Mayak mah
mangga.
MSasmita
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

