Haturan Ua Sas...damang..? muhun kana bewarana, wah resep nya ngariung bari ngobrol komo ieu aya kang Maman Gantra (MGT) anu seueur luang jeung pangalamana da anjeuna mah pan wartawan tea. Perkawis buku anu tos dijanjikeun ku abdi waktos kongres tea ku sim abdi parantos di kintun ka Raja mantri, malih mah kamari abdi tos kenging deui buku teh (2 dus buku-buku SD). Atuh pami ping 20 bade ka mayak mah ku abdi buku teh insya Allah enjing dikintunkeun mung duka kamana yeuh ngintuna naha ka Rajamantri atanapi ka Margawangi nya...heheh. Insya Allah sim abdi parantos ngayakeun razia ka baraya- baraya lan sobat-sobat sing saha bae anu ngagaduhan buku-buku bacaan anu teu kakanggo piwarang dikumpulkeun engke ku abdi bade angkut...heheh (pan sakedap deui taun ajaran enggal nya...?). Sim abdi ngarojong kana sagala naon-naon anu bakal digarap ku kusnet lan YP.
Cag...ah, hatur nuhun. Hidup kusnet..., hidup YP...!!! BM'69 --- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kamari (tgl 17 Mei 2004) teh antara tabuh 9an isuk isuk Kang Maman Gantra > (MGT), nelepon, ngajak ngobrol di Kang Oman AR, atuh sakalian we ngajak MJ, > jangjianana mah tabuh sawelasan, ngan kulantaran Kang Oman AR, aya > kaperyogian heula, nya Kang MGT kurunyung ka kantor kuring tabuh sapuluhan, > atuh MJ ge ngurunyung da keur teu ngajar, sakalian we kuring ngajak Kang Yus > Rusmana jeung Kang Maman Rusli milisi Kusnet keneh kang Jajakapakan weh teu > poho diajak ngobrol. > Bari ngan saukur di suguhan cai enteh jeung cikopi, da ari lalawuh mah rada > hese malum dipagawean, nya terus guntreng ngawangkong. Bada lohor jol Kang > Oman AR, jadi ngawangkong teh aya tujuhan. > MJ jeung Kang MGT ngawangkongkeun hasil pasamoan jeung Kang Ajip Rosidi (AR) > Enya abong kena wartawan Kang MGT ngawangkongna teh euyeub ku beja beja, boh > beja keur tatar Sunda boh keur nasional. > Nu rada daria ngawangkongkeun kumaha carana sangkan Yayasan Perceka (YP) > beuki menyat, beuki kaambeuan ku balarea. > > Keur ngudag supaya YP beuki katangen ku balarea, nya sual Pabukon kudu > leuwih daria deui, diantarana nu geus dibuka teh kudu diroris, kudu terus > dibina sangkan beuki ngagedean, malah Kang Oman AR mere asupan anu kacida > alusna nyaeta kudu nyieun indikator nu dikaitkeun jeung IPM (Indeks > Pembangunan Manusia), hal ieu rek diasongkeun ka Bappeda Jabar. > Keur nu munggaran rek dicoba di Pabukon anu rek dibuka di Mayak Cibeber > Cianjur tea. > Contona indikator didieu teh kieu upamana samemeh aya pabukon kumaha minat > baca di wewengkon eta siga kumaha, tah dina waktu sababaraha bulan terus > diukur deui kumaha hasilna naha aya ningkatna atawa tetep. > > Disagigireun eta aya deui sangkan anggota Kusnet teh dijieun petana (kar) > utamana mah kasang tukang kahlianana, hal ieu teh kacida perluna pikeun > nganyahokeun boh bilih hiji waktu aya kaperluanana jeung bisa dianggap ieu > teh kabeungharan Kusnet, atawa kabeungharan Urang Sunda, nu salila ieu teu > pati dipikawanoh, hal ieu ge ceuk MJ mah dipenta ku Kang AR, sigana aya > perluna boa boa keur ngelegaan eusi buku Apa Siapa Orang Sunda. > > Sakitu we heula beja ngawangkong kamari teh. > Warta sejena direncanakeun Pabukon di Mayak rek dibuka Poe Kemis tanggal 20 > Mei 2004, > mangga. > > MSasmita Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

