Lamun urang ngawangkong jeung nu resep basa Sunda, dina wangkongan teh sok ditungtungan ku rumahuh, yen basa Sunda teh ayeuna geus teu pati dipalire.
Lamun urang ngawangkong jeung nu resep seni, dina wangkongan teh sok dtungtungan ku rumahuh yen seni Sunda teh geus teu pati payu, geus teu dipikawanoh ku budak ngora.
Ngobrolkeun buku Sunda rumahuh hese payu, ngobrolkeun tanah tatar Sunda rumahuh lantaran nu bogana ayeuna mah geus lain urang Sunda, ngobrolkeun PKL rumahuh, da lolobana PKL lain urang Sunda, ngobrolkeun IPM rumahuh, IPM Tatar Sunda butut pisan, ngobrolkeun pamingpin Sunda rumahuh euweuh pisan urang Sunda...jste...jeung sajabana ti eta.
 
Klop teu nya lamun Bangsa Sunda disebut bangsa Rumahuh...?,...boa boa enya..!!
 
MSasmita 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke